Tatarucingan Sabulangbentor

share to whatsapp

Ngalana hese, geus beunang kalahkah dipiceun?
Korong

Banjir naon kajeun karek nepi indung suku ge geus kakerem kabeh?
Banjir nu caina nepi indung suku patung tugu patung Sudirman di Betawi

Nini naon nu sok aclog-aclogan?
Ninina bangkong

Naon sababna roko mun dikenyot ku tukang ngaroko sok katingali bangun ni'mat?
Sabab rokona diseundeut, da lamun dikulub mah teuing tah!

Bedan bulan madu kahiji jeung kasaratus?
Bulan madu ka-1, awewe nu ngomong:"Wuih... meni ageung!"
Bulan madu ka-100, lalaki nu ngomong:"Wuih... meni ageung!

Naon bedana jeruk jeung korong?
Jeruk mah disimpen di luhur meja
Korong mah dioleskeun di handapeun meja

Naon sababna BEBEK goreng bet ngeunah?
Sabab aya B jeung K! Coba B jeung K-na leungitkeun!

Tatarucingan naon nu sok matak panasaran?
Jawabanna engke antosan dua jam deui nya?!!



Follow:
Instagram twitter