Lamun...

share to whatsapp

Hiji peuting di hareupeun emperan toko...
"Lamun bapa uing kutu, indung uing kutu... pasti uing bakal jadi anak kutu!" Eta budak leutik nu diuk gigireun preman ngocoblak sorangan, teu eureun-eureun.
Preman geus mulai kesel, jaba manehna keur mabok deuih.
"Lamun bapa uing soang, indung uing soang... pasti uing bakal jadi anak soang!
Budak nuluyukeun deui ngacaprukna.
Eta mah preman nepi nutupan ceuli. Balas ku gandeng ku budak nu terus ngocoblak.
"Lamun bapa uing simeut, indung uing simeut... pasti uing bakal jadi anak simeut!"
Da atuh si Preman ge beuki lila mah asa beuki tambah kesel. Antukna:
"Yeuh, Jang!!! Lamun bapa ilaing siluman, indung ilaing bangsat... ilaing rek jadi naon, Hah?!!!"
Budak nyerengeh sakedapan, bari lumpat manehna ngomong: "Uing bakal jadi preman!"




Follow:
Instagram twitter