Siasat Bangkong Ajaib!

share to whatsapp


Aya hiji lalaki keur diuk di korsi taman. Manehna keur nyepeng bangkong hejo. Sabot keur kitu, teu lila aya awewe geulis diuk gigireun eta lalaki. Si awewe melong ningali kalakuan aneh si lalaki teh.

“Punten bade tumaros, Kang. Dupi eta bangkong teh kukutan Akang?” tanya eta awewe bangun nu heran.
“Muhun, Neng. Namung da ieu mah sanes bangkong sabangkong-bangkongna!” ceuk eta lalaki bari terus ngusapan bangkong bangun nu nyaah.
“Ajaib kumaha, Kang?” tanya si awewe heran.
“Ah, pami diwartosan mah, bilih Eneng engke bendu geura ka Akang!”
“Moal..moal Kang, abdi mah janten panasaran! Maenya jaman ayeuna aya keneh bangkong ajaib? Sanes bangkong mah ngan ayana dina dongeng Pangeran Kodok?”
“Numawi kitu. Ieu bangkong teh gaduh hiji kaahlian husus!”
“Naon tah kaahlianna?”
“Ieu bangkong tiasa muaskeun istri dina urusan ranjang. Janten, sagala anu diparentahkeun ku abdi oge ieu bangkong tiasa nurut. Eneng bade nyobi? Bilih Neng bade nyobian mah, hayu urang ka bumi Akang!” ajak si lalaki.

Teu burung si awewe nurut oge ahirna mah. Saeunggeus nepi di imah si lalaki, eta awewe dititah nangkarak bari bulucun. Tuluy eta bangkong diteundeun pas bujal si awewe.
“Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” si lalaki nitah ka eta bangkong. Si bangkong kalahkah cicing.
“Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” Si lalaki nitah deui. Tapi keukeuh eta bangkong kalahkah mugen. Si awewe geus kesel nungguan. Jaba teu paruguh deuih geus bubulucunan di hareupeun si lalaki.
“Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” dihayoh-hayoh teh si bangkong keukeuh mugen. Antukna geus nepi ka sapuluh kalina, si lalaki bangun kesel terus nyarekan eta bangkong:
“Kasebeleun sia mah bangkong! Ku dewek dititah teh, kalahkah cicing wae! Maneh mah angger we nanaon teh kudu dicontoan heula ku dewek!”
© Abah Amin



Follow:
Instagram twitter