Angger We!!

share to whatsapp

Kacaritekeun di hiji karajaan aya Raja nu permaisurina resep pisan rucah jeung para ponggawa karajaan. Eta permaisuri teh salain geulis oge resep pisan “nyobaan” lalaki. Boro-boro para ponggawa atuh, nepi ka koki karajaan oge geus dicobaan ku manehna. Bener, eta permaisuri teh gede pisan napsuna mun ningali lalaki. Hal ieu nu matak ngajadikeun hariwang ka Raja, komo lamun Raja keur sasabaan ka karajaan deungeun. Mindeng pisan kajadian balik ti sasabaan, Raja narima laporan yen permaisuri sok rucah jeung sakur lalaki nu aya di istana.

Hiji waktu, eta Raja ek ngayakeun nyaba ka karajaan lain. Samemeh indit, Raja menta saran ka penasehat karajaan upaya naon nu kudu dilakukeun supaya si permaisuri teu ngalakukeun rucah jeung lalaki lain.

“Sapamendak sim kuring mah, Nun. Kumaha upami dina larangan permaisuri teh dipasangan wae jebakan?” ceuk eta penasehat karajaan.
“Maksud anjeun naon tah?” si Raja masih bingung kana siasat si penasehat.
“Maksadna, dina larangan permaisuri urang pasangan wae sapertos Geloutine (paragi menggal sirah jelema di Perancis) namung alit. Nya sapertos seuseukeut dina etem!”
“Cara kerjana eta alat kumaha?” tanya Raja deui.
“Nya, upami aya hiji barang nu bade asup kana eta larangan permaisuri langsung wae bakal kapotong...”
“Wah, bener jitu pisan tah ideu teh!” ceuk Raja muji saran ti penasehatna. Langsung wae raja nitah ka tukang pakakas istana pikeunngajieun alat pikeun dipasang dina larangan permaisuri. Teu lila alat teh jadi jeung terus dipasangkeun.
“Rada tenang ayeuna mah indit-inditan teh. Pokona, engke mun kuring balik deui ka dieu, sakabeh lalaki nu aya di dieu urang pariksa bobogaanana!” si Raja puas. Manehna terus indit jeung baladia-baladiana. Aya kana samingguna, rombongan Raja balik deui ka istana.

Bener we Raja langsung mariksa hiji-hiji lalaki nu aya di istana. Kabeh bobogaan lalaki dipariksa. Sangkaan Raja teu salah, geuning ampir kabeh lalaki di eta istana geus bararuntung tungtung bobogaanana. Eta lalaki nu kapanggih rucah jeung permaisuri langsung dipenggal sirahna ku algojo di dinya keneh. Ngan aya hiji lalaki, bagean ngurus taman, nu boboganana teu buntung.

“Alus, anjeun geus satia ka kuring. Salila kuring indit, anjeun teu rucah jeung permaisuri. Anjeun pantes dibere panghargaan. Pangawal, bere eta tukang ngurus taman emas sapeti!!!” parentah Raja ka pangawalna. Si eta tukang ngurus taman langsung dibere emas sapeti. Si tukang ngurus taman bangun atoh kabina-bina.

Manehna langsung nyuuh handapeun Raja bari teus ngucap:
“Hatul nuhun pitan pun lada. Lada tot matihan kuling emat! Kuling bagda pitaaaaan...!!!”

[Beuh!! Ayeuna letah nu 'maen']



Follow:
Instagram twitter