Beuki Jauh

share to whatsapp



Saurang lalaki keur konsultasi ka dokter.
“Dok, jantung abdi teh panginten aya gangguan! Dada sering eungap sareng nyeri!”
Si dokter terus mariksa. Bener we eta jantung lalaki teh aya gangguan. Dokter tuluy mere resep jeung saran ka eta pasen.
“Muhun Pa, bapa teh gaduh gangguan dina jantungna. Sim kuring mah mung tiasa nyarankeun ka bapa sing rutin tuang obat ieu. Teras lirenanan ngaroko sareng kopina. Kade tong hilap, saminggon ti ayeuna bapa unggal dinten kedah lari atawa joging. Nya kirang langkung sadintenna 5 kilometerna. Engke tos saminggon telepon ka dieu, kumaha aya kamajengan teu?”
Eta lalaki balik ka imahna terus ngalaksanakeun saran ti dokter tea. Tah, karek ge poe kalima, manehna geus nelepon si dokter tea.
“Kumaha Pa, aya kamajengan?” tanya dokter.
“Alhamdulillah, dok. Eungap sareng nyeri dada rada teu karaos deui. Namung, abdi sesah uih deui ka bumi! Tebih teuing!”
“Kunaon kitu Pa?”
“Ieu, dokter kan miwarang abdi sadinten lari 5 kilometer. Ayeuna nembe dinten ka lima. Janten, abdi tos lari kana 25 kilona, tos tebih pisan ti bumi! Komo upami tos saminggon mah, 35 kilometer! Beuki tebih pisan ka bumi teh.... ”
Si Dokter langsung ngagerentes na jero hatena: "Beu, bodo-bodo teuing aing mah boga pasen teh. Naaa, atuh naon capena mun inditna ti imah unggal poe! Der ieu mah dituluykeun... "



Follow:
Instagram twitter