Tong Balik Peuting

share to whatsapp


"Ke ari maneh nangtang ka kolot? Kamari indit geus Lohor, dibejaan tong balik peuting. Eh... karek jebul jam 6 isuk-isuk siah!!" ceuk Mang Juhro ngagantawang nyarekan si Ojil.
"Abdi mah panan numut kana cariosan Bapa..." jawab si Ojil tandes.
"Naon kitu?"
"Pan, kamari sateuacan abdi angkat, Bapa nyarios kieu: Omat, maneh tong balik peuting! Nya abdi mah uih tabuh sakieu we. Nu penting sanes uih wengi...!"
"Naaaaa ari silaiiiing!!"




Follow:
Instagram twitter