Arwah Panasaran

share to whatsapp

Basa jaga di kamar mayat, teu pupuguh.. aya nu ngalayang nyampeurkeun.
"Mang.. ari asli teh urang mana?"
"Sumedang..." jawa Mang Edoy, tukang tunggu Kamar Jenazah.
"Ukuran sapatu sabaraha?"
"42"
"Ari hobi naon?"
"Nguseup"
"Ari awewe idaman saha?"
"Aura Kasih!"
"Ari gajih gawe di dieu sabaraha?!"
"Ke heulaaaaaaa siah jurig! Aing keur jaga kamar mayat, tapi asa hirup di Polsek.. diinterogasi wae ku sia! Ari sia saha sabenerna?"
"Kuring? Arwah panasaran..."
"Oh.. arwah panasaran. Pantesan titadi tatanya wae!"


Follow:
Instagram twitter