Tong Dibaca Bisi Kesel!

share to whatsapp

Incu : "Ni, nuju naon? "
Nini : "Keur ngala daun cau, Jang."
Incu : "Daun cau kanggo naon, Ni?"
Nini : "Kanggo didamel leupeut atuh."
Incu : "Ari leupeut kanggo naon, Ni?"
Nini : "Nya keur dituang..engke."
Incu : "Ooh…engke. Ari ayeuna Nini nuju naon?"
Nini : "Keur ngala daun cau."
Incu : "Kanggo naon?"
Nini : "Keur nyieun leupeut. Pan tadi geus dibejaan!"
Incu : "Leupeut kanggo naon?"
Nini : "Nya keur di dahar atuh! Piraku keur kuramas..?!"
Incu : "Oh kitu nya Ni?"
Nini : "Enya. Mending ge jung kaditu ameng Jang. Tong ngaganggu Nini."
Incu : "Naha?"
Nini : "Nya pan Ninina keur sibuk…"
Incu : "Sibuk naon Ni…"
Nini : "Ngala daun cau. Pan tadi geus disebutkeun. Ari maneh nya!!"
Incu : "Daun cau kanggo naon. Ni?"
Nini : "Keur dijieun leupeut...leupeut…leupeueueueut…siaaah!!"
Incu : "Nini nyarios sareng saha?"
Nini : "Nya jeung maneh atuh…!"
Incu : "Naha gogorowokan sagala? Pan abdi di dieu caket Nini."
Nini : "Sabab maneh teu ngarti-ngarti. Teu nempo Nini keur digawe, hah?!"
Incu : "Memang nuju damel naon kitu, Ni?"
Nini : "Hadeuh. Ngala daun cau…belet…!"
Incu : " Daun cau kanggo naon, Ni?”
Nini : "Ya Alloh….belet belet teuing budak teh! Keur didahar atuh! “
incu : "Pan di bumi aya beas. Naha Nini nuang daun cau?”
Nini : "Incu Nini nu bageur, kasep,pinter. Yeuh, bisi Nini meunang darah tinggi…jung maneh geura
ulin! Tong ngaganggu. Nini keur digawe!”
Incu : "Naha kengeng darah tinggi? Saleresna Nini teh milari darah tinggi atanapi milari daun cau? Ke, ari darah tinggi teh naon? Naha sami hejo sapertos daun cau?"
Nini : "Hadeuh…dasar maneh mah belegug!"
Incu : "Belegug? Abdi mah jalmi, sanes belegug. Nini stres nya?"
Nini : "Nya Nini stress! Lieur kana sirahna ge. Lieur…lieur…!!"
Incu : "Ari milari daun cau matak stres, naha Nini masih milarian keneh?"
Nini : "Geus….!!! Tong nanyakeun deui, mending ge jung geura balik…burukeun!!"
Incu : "Mangga Ni. Nini moal ngiring uih?"
Nini : "Moaaal. Pan Nini keur gawe!"
Incu : "Didamel naon kitu, Ni?"
Nini : "Ngala daun cauuuuu…..!!!!"
Incu : "Daun cau kanggo naon…."
Nini : "Astagfirullah….sugan mah maneh teh kudu dipodaran ku aing siah!!"

Kiriman: Rian Agus Susanto Ewon - Group Facebook Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter