Majalah Sunda "Mangle": Medal ti Taun 1957 Nepi ka Kiwari


Nepi ka kiwari Mangle masih keneh medal, malah jadi majalah nu pangkahotna lantaran umurna geus satengah abad. Nu ngurusna ge geus ganti generasi, ngan ari nu mingpinna mah masih keneh putrana Oeton Moechtar, Oedjang Daradjatoen. Sawatara pangarang Sunda mimiti ngasah kamampuh nulisna teh di majalah Mangle. Ti mimiti generasi Ki Umbara, Ahmad Bakri, Aam Amalia, Godi Suwarna tug nepi ka generasi kiwari. Najan ayeuna pamorna geus ngurungan, tapi Mangle jadi salah sahiji rujukan upama urang nyaritakeun kalawarta Sunda.
Kiwari eusi Mangle ngawengku diantarana carita pondok, sajak, munara cahya Islam, tanya jawab agama Islam, aweuhan Pasundan, carita pondok lucu, pangalaman paramitra, tarucing cakra, carita nyambung, opini, sarta nu sejen-sejenna.

Dina umur nu ka-55 taun, Mangle leuwih ningkatkeun deui minangka media massa nu boga ajen tur ciri mandiri, nu leuwih mihak kana kapentingan Ki Sunda, kalawan henteu leupas tina pluralitas kahirupan kiwari. Ku hal eta, Mangle taun 2012 medalkeun dua bentuk, nyaeta Mangle ‘versi citak’ jeung Mangle online. Kituna teh sangkan Mangle tetep teu robih pamianganana ngamumule Ki Sunda oge siap dina nyanghareupan tantangan jaman.
Penerbit : PT. Mangle Panglipur
Alamat : Jl. Lodaya No. 19-21 Bandung 40262
Telepon/Fax. : 022.7303438 Fax. 7309720
E-Mail: majalahmangle@yahoo.co.id
Penerbit : PT. Mangle Panglipur
Alamat : Jl. Lodaya No. 19-21 Bandung 40262
Telepon/Fax. : 022.7303438 Fax. 7309720
E-Mail: majalahmangle@yahoo.co.id
Sumber:
Follow:
