Konfeksi Kaos Mitra Baraya

share to whatsapp

Bandung katelah kota nu jadi puseurna sentra konveksi, kalebet kaos. Salah sahiji nu ngokolakeun usaha dina widang produksi sandang ieu nyaeta CV Mitra Baraya. Salain mroduksi kaos-kaos khas Sunda nu dijual langsung, Mitra Baraya oge nampi pesenan ka baraya nu minat ngadamel kaos kalayan desain nyalira. Di konveksi Mitra Baraya, nu mesen ngadamel kaos tiasa ngadiskusikeun sabudeureun hal-hal nu aya patalina sareng produksi, kayaning: bahan kaos, sablon nu cocok, ngadamel label, atanapi kemasanna.

Kanggo baraya nu kirang patos kana hal-hal nu aya patalina sareng produksi kaos, di handap ieu sababaraha info perkawis bahan kaos sareng bahan sablon.

1. Bahan Kaos

a. Cotton Combed
Bahan ieu cocok kanggo baraya nu bade ngadamel kaos nu ngagaduhan ciri ekslusif. Biasana bahan ieu mangrupikeun kaos-kaos nu sok didamel di distro-distro kalayan produksi limited edition. Bahan katun combed cirina:  serat benang sareng hasil rajutan nu lemes sareng rata. Bahan ieu jenisna aya: 20s, 24s, 30s, 40s. Kaos distro umumna ngagunakeun jenis cotton combed 20s, 24s, atanapi 30s.

b. Cotton Carder 
Bahan ieu aya jenis 20s, 24s, 30s sareng benang nu digunakeun dina bahan cotton carded rada kirang lemes. Biasana, bahan ieu digunakeun pikeun kaos-kaos kalayan target pasar kelas menengah. Alasaenna,  biasana pangaosnya relatif  langkung mirah dibandingkeun cotton combed. Sanajan tekstur kirang lemes, bahan ieu nyaman dianggona da diamel tina 100% serat kapas alam.

c. CVC (Cotton Viscose)
Bahan CVC mangrupikeun campuran ti 55% Cotton Combed sareng 45% Viscose. Bahan ieu tiasa nyerep kesang.

d. TC (Teteron Cotton)
Bahanna campuran: 35% Cotton Combed  sareng 65% Polyester (Teteron). Bahan ini biasana rada panas  sareng kirang tiasa nyerep kesang. Masalah harga, relatif langkung mirah dibanding bahan-bahan kaos sanesna.

e. Polyester (PE)
Bahan ini biasana didamel kanggo kaos partey (caleg) pami usum Pemilu atanapi event-event sanesna. Bahan ieu didamel tina serat sintetis/buatan hasil minyak bumi nu didamel kanggo bahan kaos serat fiber poly. Cirina, bahan PE sesah nyerep kesang sareng rada panas pami nuju dianggo. 

f. Hyget
Sami kawas bahan PE, bahan ieu biasa dianggo kaos-kaso partey Pemilu. Hyget didamel tina bahan plastik, namung langkung ipis. Pangaosna tangtos langkung super mirah dibanding bahan sanes nu disebatkeun di luhur.

2. Bahan Sablon

a.  Rubber
Jenis sablon ini ieu paling sering digunakeun dina produksi kaos. Bahan sablon rubberieu cocok dianggo kanggo bahan kaos warna poek atanapi caang. Bahan sablon ieu sipatna tiasa nutupan bahan kaos.

b. Pigmen
Jenis bahan ieu biasa dianggo kanggo kaos nu warnana caang. Sipat bahan sablon pigmen nyerep kana kaen.

c. Plastisol
Ieu salah sahiji bahan sablon nu umum digunakeun sareng janten favorit para penggemar kaos. Plastisol bahan dasarna tina cet minyak. Pami dicetak, dot/raster alit pisan janten tiasa nampilkeun hasil sablonan nu sae. Kaleuweihan sanesna, tanpa limbah alias ramah lingkungan sareng katelah bahanna nu irit. Namung, kanggo ngagunakeun bahan ieu kedah aya proses ngagaringkeun ngagunakeun sinar infra merah.

d. Glow in the dark
Bahan ieu tiasa hurung pami di tempat poek. Bahannaa tiasa tina rubber, pigmen, atanapi plastisol.

e.  Reflektif
Ieu mangrupakeun bahan sablon kalayan hasil cet nu hurung pami kaos dicaangan ku sember cahaya.

f.  Discharge
Ieu mangrupikeunbahan kalayan kamampuhan ngipiskeun/ngaleungitkeun warna dsara kaos salajengna dieusi warna enggal.

g. Flocking
Jenis bahan ieu hasilna sapertos buludru.

h.  Foam (cat timbul)
Disebat oge sablon puff print. Bahanna mangrupakeun pengolahan khusus tina rubber atanapi plastisol mung hasil sablonna bijil/timbul.

3.  Cara Order Produksi Kaos Mitra Baraya
a. Kanggo desain, baraya tiasa nyandak nyalira (ngagunakeun Program Corel) atanapi tiasa dibantos ku tim desain ti Mitra  Baraya.
b. Konveksi Mitra Baraya oge nampi ngadamel pesenan kaos polos (dewasa sareng anak) ragam ukuran.
c. Kanggo pesenan kaos minimal 2 kodi (40 pcs).

Kanggo informasi sareng kerja sama, mangga kontak Mitra Baraya:

Telepon/SMS/WhatsApp:
0896 7110 2034



Follow:
Instagram twitter