Inkubator Usaha Mitra Baraya - Banyolan Sunda

share to whatsapp


Sunda, cenah aya nu nyebutkeun kirata tina "suka bercanda". Memang meureun ku sipat urang Sunda nu someah jeung babari akrab, jadi mun heureuy ge sok tara kagok ka nu geus wanoh mah. Ngan kadang, stigma ieu teh kadang sok dianggap yen urang Sunda hese ojah kana widang wirausaha mun dibandingkeun jeung seke seler (suku) lain. Mun diajak usaha teh teu weleh ku jawaban klise: "Mangga tipayun" "Wah, lieur euy rek usaha naon nya?", atawa "Usaha? Timana modalna atuh?".

Malahan meureun di lemburna sorangan kadang sok kawas jati kasilih ku junti, alias tuan rumah mah ngan jadi penonton ningalikeun urang lain nu sarukses. Ieu mah punten pisan lain maksud nyabit-nyabit kana SARA, da memang buktina meureun aya. Contona di Bandung sorangan, sabaraha persen pituin urang Sunda nu bisa kasebut "ngawasa" kana wilayah dagang? Hal eta aya oge nganggap yen urang Sunda jiwa "petarung" dina urusan bisnis mah asa can loba nu katelah.

Wanoh Tina Banyol Ngadegkeun Komunitas Pemberdayaan

Naha enya kitu urang Sunda hese ojah mun diajak usaha? Bisa enya, bisa henteu. Ngan mun ningali kana kaayaan jaman kiwari asana mah asa teu saeutik urang Sunda nu ngembangkeun diri dina widang usaha. Hal ieu contona mun ningali di Komunitas Banyolan Sunda, loba geuning baraya nu arusaha sorangan alias wirausaha (enterprenership). Tah, malahan taun 2011 mah baraya Banyolan Sunda ngadegkeun hiji jaringan pemberdayaan masyarakat nu dingaranan Mitra Baraya. Ieu jaringan teh ngokolakeun widang pemberdayaan masyarakat dina urusan ngembangkeun usaha, jaringan, marketing, katut permodalan atawa biasa nu disebut inkubator bisnis.

Ieu jaringan teh bisa ngadeg awalna mah tina batur banyol di Facebook, tuluy sok ngayakeun riung mungpulung alias kopi darat. Jadi, banyol mah bener jetu pisan keur ngahijikeun urang Sunda mah. Ku ayana gogonjakan papada baraya, tali mimitran teh tambah raket. Teu sidikna asa ka dulur sorangan, najan karek wawanohan ge. Ieu salah sahiji bukti kaleuwihan sabenerna mah, yen urang Sunda mah gancang akrab nu lamun dikokolakeun atawa diarahkeun bisa ngahasilkeun hal nu mere mangpaat alias kahartos tur karaos. Salah sahijina eta nya baraya bisa ngayakeun pasamoan rutin pikeun nyawalakeun rempug jukung babarengan ningkatkeun usaha masing-masing.

Kagiatan Mitra Baraya

Ti taun 2011 nepi 2013 mah baraya kadang sok ruang riung dimana wae; aya di imah baraya, di cafe, nepi nonton bareng pertandingan Persib. Alhamdulillah, ku ayana ruang-riung ieu bisa ngahasilkeun kagiatan-kagiatan kalayan pola swadaya. Kagiatan nu diayakeun diantarana: ngayakeun event pameran babarengan; diajar mikawanoh dunya internet pikeun online shop; nyieun radio streaming; pelatihan usaha; pelatihan menulis; event seni budaya Sunda; jeung rea-rea deui. Intina mah, naon potensi nu dipibanda ku masing-masing baraya diketrukkeun pikeun ngarojong kagiatan atawa program nu dilaksanakeun ku Mitra Baraya. Hal ieu dumasar kana kaayaan baraya di Banyolan Sunda nu beda-beda latar belakang umur, profesi, pendidikan, katut kaahlian.

Liputan kagiatan Mitra Baraya di Koran Sindo
Lamun ngayakeun hiji kagiatan, bagi-bagi tugas diantara baraya teh geus kari nyekrupkeun: baraya nonoman bagean panitia; nu boga usaha ngarojong dana awal; nu bisa nyieun desain jeung webs mantuan keur ngapromosikeun acara; tukang katering nyumbang keur konsumsi; baraya ti birokrasi/kapolisan mantuan perizinan; baraya nu ti kalangan wartawan ngabantu ngaliput acara; nu boga usaha sewa keur hajatan nginjeumkeun properti; nepi baraya ti kalangan seniman/artis Sunda nyumbangkeun kamonesanna pikeun ngareuah-reuah acara kalayan harga cingcay.  



Follow:
Instagram twitter