Humor Pemilu

share to whatsapp

#1
"Euh, aing mah aya serangan fajar kalahkah ngiriman duit!"
"Ari maneh hayang naon atuh?"
"Cik, kali2 mah kiriman teh kabogoh atuh."
"Mmmh... dasar jomlo watir!"

#2
Kampanye pikeun para caleg mah, rahayat teh "Kaulah Segalanya" nu dibere "Janji". Geus kapilih, ditagih janji ngadadak "Lumpuhkan Ingatanku"

#3
Mantan teh lir ibarat 2 partai nu baheula kungsi layeut berkoalisi. Di tengah jalan pecah kongsi. Geus kitu mah ribut hayoh silihgorengkeun.

#4
Rengse Reformasi, raja-raja rametuk renyek riweuh...remen ruwal-rawel rancingeus rarampok. Rahayat rarudet, rindu Republik rukun raharja.

#5
Neangan jodo mah kawas milih caleg: kudu bener2 kauji, buktos sanes waos, & dipercaya. Mun can meunang pilihan, anggap we "golput" (jomlo).

#6
Kabeh kampanye kukurusukan ka kampung ka kota. Kahayangna katangar ka kuricakan. Kala kapilih, kaya karena kanceuh korupsi-kolusi. Kehed!

#7
Tangkal kai kadang sok dipake tempat kuntilanak nyingsieunan jelema. Ayeuna mah dipakuan oge keur masang spanduk caleg. *Nu baleg atuh euy!*

© Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter