10 Tips Pikeun Para Jomlo

share to whatsapp

Saha atuh nu teu hayang boga pasangan? Geus kodratna di dunya mah aya pasangan, ibarat Romeo pasanganna Juliet; Ambulance pasanganna sirineu uwing-uwing; Modem pasanganna kartu; nepi caleg pasanganna spanduk baliho. Mun euweuh salah sahijina teh, lir ibarat di RSJ euweuh nu gelo. Asa cawerang. Tah, kumaha pikeun para jomlo? Di handap ieu sababaraha tips pikeun para jomlo. Mugia mangpaat.

1. Hal nu dipikasieun ku jomlo mah biasana mun aya ruang-riung, misalna Lebaran. Teu jarang dulur sok nanya: "Mana atuh kabogohna?" atawa "Iraha rek kawin? Si itu mah geus boga budak!". Tah, tibatan kudu degdegan, mending pas aya ruang-riung teh api-api nyeri huntu atawa barusuh stadium akut. Ngamodus we pokona mah sangkan teu ditanya! Da geus kumaha deui, kitu resiko jadi "Angka Satu" ceuk Caca Handika ge.

2. Ari nu jomlo tong curhat deui jeung nu jomlo atuh. Ieu mah sarua jeung "silih jenggut jeung nu dugul".  Komo curhatna jeung sasama jinis bari pacepeng-cepeng leungeun mah, bisi disangka beruk makan beruk! Curhat mah kanu geus boga pasangan. Minimal urang menta cara kumaha carana meunangkeun pasangan. Program komputer wae aya tutorialna, maenya neanan jodo euweuh? Tuluy kudu membumi. Khayalan kudu bisa saluyu jeung kanyataan. Ari bogoh ka Nabilah JKT 48, ari beungeut urang jiga ban elf 4848. Nu penting mah bisa ngukur diri, bae beunghar jeung geulis ge... asal bogoh jeung nyaaheun ka urang.

3. Jadi jomlo mah tong panjang lamunan. Komo peuting-peuting huleng jentul di astana mah. Der engke aya nu ngalayang nyampeurkeun: "Kang jomlo nya? Abdi ge sami jomlo. Bobogohan yu? Punten pangnyabutkeun heula paku dina mastaka abdi..." ceuk kunti bari cumentil.Tong niat kawin jeung kunti ah, hese mun hajat teh. Kunti mah geus we cukup sina bobogohan jeung Superman, sarua bisa hiber. Mun urang jelema normal? Kumaha mun keur pasea jeung kunti, der manehna kalahkah kabur ngageleber. Hese ngudagna! Maenya rek dikatepel?

4. Ayeuna usum jejaring sosial. Misalna gunakeun akun Facebook. Pasang foto profil nu pangkasepna. Pasang status lajang.. ulah lajang yang rumit. Ulah togmol langsung ngirim inboxan ka awewe: "Neng, kersa janten kabogoh Akang?" Bisi diblokir manten! Mending malapah gedang. Geus keuna kana maksud, karek kedalkeun. Cobaan nepi 100X mah. Thomas Alva Edison ge nyieun lampu nepi 1000 leuwih karek hasil. Tah, mun teu beunang keneh wae, gancang tutup akun! Bisi jadi buronan awewe di Facebook. Der engke di-blacklist. Can payu keneh? Cobaan masang iklan di Berniaga.com, di TokoBagus.com atawa iklan kolom di koran Pikiran Rakyat. Mun perlu mah, turutan caleg. Nyieunan poster, tuluy pasangkeun di sisi jalan.

5. Jomlo ge jiga tenaga kerja, aya: jomlo terdidik, jomlo terlatih, oge jomlo terdidik jeung terlatih. Saderek kaasup nu mana? Sing percaya, ngaran hirup jomlo mah lain tikudrat. Mun ceuk papatah mah: "Anda lahir jomlo, itu bukan salah Anda. Tapi Anda mati dalam keadaan jomlo.. itu kesalahan Anda!" Baud oge aya pasanganna mur. Maenya jelema pasanganna sendal capit? Hudang, ti ayeuna make analisis SWOT...mun perlu, curhat ka Mario Teguh. Tong lila teuing ngajomlo, bisi jadi odol garing atawa jadi fosil. Mending keneh ngagantung lecet, tibatan ngagantung buruk!

6. Jomlo mah lir ibarat wirausaha, hasil henteuna kumaha tarekah urang. Ari wirausaha, nya kudu mindeng jatuh bangun. Wajar we ari ngasaan katipu mah, misalna: nyatakeun terus ditarima, ari pek bencong. Ulah saeutik-saeutik kumeok memeh dipacok, usahakeun sorangan heula. Ngaran neangan jodo mah tong loba teori, jiga diajar ngojay. Ngagujubar we heula, engke ge geus tigujubar mah bakal boga upaya sorangan sangkan teu tilelep. Kecuali ngojayna di cubluk... salah silaing eta mah! Euweuh gawe pisan.

7. Geus tong percaya ngaran pelet, asihan, atawa datang ka dukun pikeun menta isim. Isim nu matih jaman kiwari mah nyaeta isim elektrik, sabangsaning: ATM atawa kartu kredit. Nanaon ge perlu modal. Inget, euweuh nu ngaranna "yang penting cinta" mah. Sakumaha romantisna bobogohan, ari beuteung kukurubukan mah... angger we ngaruksak suasana. Kitu oge tibatan mapatkeun jampe pamake, mending mapatkeun sora sedan atawa motor jepang nu herang keneh. Realistis we, pikeun cinta teh perlu aya pengorbanan jeung modal. Ka WC umum wae mayar! Maenya bobogohan kudu modal dengkul mah?

8. Jomlo ge aya tipena. Saderek rek milih mana? Aya jomlo katotoloyo alias ngan bisa surangah-serengeh menikmati kajomloanna bari teu boga target nanaon. Aya jomlo garis keras, ieu mah gagal wae teh kumeh sok maksa batur sina bogoh ka manehna. Sedengkeun ngaran cinta mah jiga tunduh... teu bisa dipaksa-paksa. Aya jomlo eksperimen pantang menyerah, kajeun sababaraha kali ditolak, teu weleh neangan cara jeung gaya anyar. Aya jomlo syari'ah, najan jomlo manehna mah getol ibadah jeung terus ngadu'a sangkan meunang jodo nu soleh/solehah. Terus aya oge jomlo epes meer, teu kaop ditolak ku awewe...lumpatna teh hayang nginum racun beurit jeung nalikeun beuheung kana tambang. Ieu nu dipahing mah! Pikir we, tina sperma nu jumlahna edun.. ari geus jadi jelema ngadon bunuh diri? Mending teu jadi utun inji! Hartina manehna sukses jadi jelema ge, sabab kapilih nu terbaik tina sperma-sperma silih saingan ngudag kana indung telur.

9. Pikiran deui, sabenerna jadi jomlo teh loba ngeunahna. Teu perlu jadi tukang ojeg nganteurkeun ka ditu-ka dieu. Teu perlu jadi customer service telepon 24 jam. Teu perlu jadi lawan debat mun keur pasea. Hemat duit, teu perlu ngajajanan. Leuwih jauh tina dosa, da teu ngopepang pas bobogohan. Bebas kamana wae nyorangan. Ngan eta: jiga kaktus di padang pasir! 

10.  Ceuk Aa Gym ge: dzikir, fikir, ikhtiar alias ora et labora. Salian ngadu'a kudu dibarengan ku usaha. Tingkatkan kualitas diri ku cara daek survei, usaha, jeung diajar tina pangalaman. Mun anjeun murid sakola, memang di Kurikulum 2013 teu diajarkeun ngeunaan neangan jodo. Tapi, neangan kabogoh mah kaasupna keterampilan diri nu bisa dipraktekkeun ku sorangan. Kaasupna kana penilaian mandiri nu aya kakaitna ngalibatkeun unsur kognitif (berpikir), afektif (sikap), jeung psikomotorik (keterampilan).

© Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter