Pangajian Rutin Baraya Banyolan Sunda Bulan Februari 2014
Poe
 Minggu, tanggal 2 Februari 2014 pangajian rutinan Warga Rancabanyol 
alias baraya Banyolan Sunda diayakeun di imahna Camat Rancabanyol di 
Jln. Jayagiri 1, Lembang. Acara dimimitian jam 10 isuk-isuk. 
Alhamdulillah, baraya nu daratang mah salain ti Bandung oge aya nu ti 
luar kota. Malah aya nu ngahaja ngajugjug ti Solo, Jawa Tengah. Tah, 
kusabab penceramahna ngadadak ngabolaykeun alatan aya kaperluan 
ngadadak, nya ahirna mah Komandan Hansip jadi penceramah. Acara 
pangajian teh rengse waktu ngong adan lohor. Beres sarolat mah, tuluy we
 acara ramah tamah jeung balakecrakan. Biasa, acara pangajian ieu dieusi
 oge ku silih pikawanoh alias kenalan papada baraya. Utamana nu karek 
miluan tepung lawung. Hal ieu dumasar kana prinsip di Banyolan Sunda: 
"Nu can wanoh jadi wanoh, nu geus wanoh jadi dulur."
Sarengsena
 soliskan mah, acara dituluykeun kana ngabahas kagiatan Sunda Binangkit 
nu rek diayakeun poe Minggu, 9 Februari 2014. Ieu minangka laporan jeung
 evaluasi ti panitia. Sakalian nangtukeun rengrengan kapanitiaan nu 
anyar gabung minangka jadi sukarelawan. Rengse ngabahas acara Sunda 
Binangkit, dituluykeun kana sawala ngeunaan arah pemberdayaan usaha 
jeung bakti sosial nu dikokolakeun ku baraya. Salah sahijina, nyaeta 
nyieun koperasi nu modalna babarengan ti baraya. Kitu oge diberdayakeun 
marketing usaha baraya kalayan sistem reseller ti unggal baraya Banyolan
 Sunda. Hal ieu istilahna mah pikeun ngahirupkeun ekonomi baraya. Tah, 
rengse diskusi mah tuluy we nongton bareng pertandingan Persib. 
Sanajan
 awalna wanoh tina gogonjakan, tapi ari geus tepung lawung mah bisa 
diarahkeun pikeun ngaberdayakeun potensi babarengan. Lian ti eta, dina 
kagiatan pangajian saterusna mah baraya ngarencanakeun diayakeun oge 
pelatihan pikeun sagala hal nu aya patalina jeung pemberdayaan, 
kayaning: diajar ngokolakeun usaha online; diajar nyieun blog; 
ngokolakeun modal pinjaman ti koperasi Mitra Baraya; ngarencanakeun 
bakti sosial; diajar nyieun kagiatan/event organizer; diajar basa Sunda;
 nepi kumaha cara nulis nu merenah. Pikeun pelatihan ieu, pangeusi 
materi ngamangpaatkeun baraya nu memang boga kaahlian dina tema nu 
dibahas oge gawe bareng jeung pihak di luar Banyolan Sunda.
Kagiatan-kagitan
 nu dilaksanakeun ku Banyolan Sunda memang lain pangajian wungkul. Ka 
hareupna potensi-potensi teh dikaryakeun babarengan. Misalna, dibentuk 
rengrengan pikeun redaksi Majalah Banyolan Sunda. Ieu majalah teh
 salain keur media carita-carita humor oge pikeun promosi usaha nu 
dikokolakeun ku baraya. Kitu oge dina sistem penjualan majalah 
diberdayakeun oge baraya sangkan jadi agen. Itung-itungan komisi keur nu
 ngajual majalah mah tetep dipake kalayan profesional. Hal ieu minangka 
salah sahiji tarekah pikeun "mancing" baraya nu rek diajar ngahasilkeun 
bahan pikeun dapur tetep ngebul. Jadi, pola kahartos tur karaos 
di Banyolan Sunda dilaksanakeun taya lian yen ngaranna humor/banyol mah 
ngan media pangraket. Ari kadituna mah, tali mimitran nu geus kabentuk 
di Banyolan Sunda bisa diberdayakeun kalayan azas mangpaat babarengan. 
Baraya nu minat gabung sareng Banyolan Sunda, mangga tiasa kontak ka 
admin/pupuhu di Group Facebook Banyolan Sunda.
Follow:

