BanyoMin (Banyolan Mini)

share to whatsapp

# 1

Kang Uhe: "Gelo... hanas digabrug! Sugan teh kelinci nu ngorosak di ruyuk teh!"
Kang Sona: "Ari pek?"
Kang Uhe: "Landak keur kawin! Ieu cucukna meni naranceb!"

# 2

Teh Yuyu: "Teh... cik pangniupkeun ieu soca. Kapireungpeunan yeuh. Asa aya nu asup! Pangningalikeun... aya naon nu asup kana soca abdi?"
Teh Resti (Pas rek niup) : "Gusti, geuning cucunguk nu asup teh!"

# 3

Kang Jack: "Jurig! Akikah mangkal peuting tadi mah sial. Hanas dina mobil BMW disampeurkeun! Boro atoh. Sugan teh rek ngajak indehoy!"
Kang Jojo: "Ari pek?"
Kang Jack: "Pas dibuka jandela mobilna. Nu nolol teh.... bapa uing! Nya puguh uing langsung didudut ka imah. Da salila ieu uing nyumputkeun identitas jadi bences!"

# 4

Kang Angka: "Kapok lah ngukut lauk di balong teh! Aya bahan beak yeuh ramo!"
Teh Erna: "Memang ngukut lauk naon kitu, Kang?"
Kang Angka: "Teu pira... ngukut lauk piranha 5 kodi!"

# 5

Kang Bagyo: "Mmhhh... kumaha nya daptar jadi tentara teh teu lulus wae. Kumeh boga panyakit kitu kuring teh?"
Teh Wiwin: "Memang boga panyakit naon, Kang?"
Kang Bagyo: "Ah.... ngan boga panyakit latah!"

# 6

Kang Benno: "Kudu kumaha nya alusna rek nganjang ka Kang Uhe ka Sukabumi?"
Kang Iwan: "Leumpang we atuh, Kang! Pira kadar ti Bandung. Maenya.. nu gelo ge kuateun leumpang sorangan ka Cirebon ti Bandung. Eta nu gelo... komo urang nu normal!"

# 7

Kang Asec: "Najis teuing uing mah kudu lalajo pilem Indonesia di bioskop!"
Kang Jolee: "Kunaon, teu rame?"
Kang Asec: "Lain, sok euweuh teks terjemahan di handapna!"

# 8

Kang Dedi: "Ah... kamari meunang gawe di stasion TV. Teu ditarima!"
Kang Sumarna: "Naha? Gajihna leutik?"
Kang Dedi: "Lain, gawena titah ng-dubbing wayang kulit nepi ka subuh!"

# 9

Kang Ikin: "Nyi, naha cinta ka Akang jiga nu asa-asa? Akang teh kurang naon? Kurang beunghar? Tuh, imah agreng boga lima. Kurang duit? Deposito numpuk di bank. Kurang mobil? Tuh, Jaguar jeung Mercy di garasi aya. Kurang naon atuh Akang ka Nyai teh?"
Teh Echi: "Kurangan umur! Ameh eta nu disebutkeun tadi... kabeh ka Nyai keun! © Abah Amin

** Banyolan salengkepna, mangga nganjang ka Forum Diskusi group Facebook Banyolan Sunda.



Follow:
Instagram twitter