Banyolan Mini

share to whatsapp

#1
"Iraha atuh Jang rek ngalamar anak Bapa teh? Teu bosen bobogohan wae?"
"Insya Allah Pa, antos wae kirang langkung dua taun deui! Abdina nuju kekempel heula ayeuna-ayeuna mah."
"Beu... eta bobogohan geus 13 taun. Arek dijejegkeun 15 taun wae Jang bobogohan jeung anak aing teh?"

#2
"Saderek siap janten anggota dewan?"
"Siap!"
"Tos siap dites?"
"Mangga. Tesna naon Pa?"
"Teu pira. Diajar sare na korsi! Jeung engke minggu hareup kudu milu studi banding euy!"
"Ka mana?"
"Teu jauh! Urang studi banding ka kutub!"
"Nyetudi naon Pa nu bade dibandingkeun teh?"
"Urang studi banding ngeunaan kumaha carana mencegah kebakaran hutan! Ceuk beja ti ahli mah cenah di kutub mah can pernah aya kebakaran hutan. Eta bisa jadi picontoeun keur nagara urang!"

#3
"Tempat panyalindungan nu keuna ku bencana alam mah, bener sok kadang jiga nu nyindir!"
"Maksudna?
"Bandingkeun we kajadian di Mentawai jeung di Jogja! Nu hiji mah lumpat ka gunung.. da sieun ku ombak tsunami. Ari nu hiji deui? lumpat ngajauhan gunung, da sieun ku wedhus gembel!"

#4
"Dodo, Jaja, Juhro, Badri, Kemod.... kunaon eta sirah silaing darengdek ka kenca kitu?"
"Sia tuda mere pilem nu teu paruguh ka urang-urang! Tadi disetel di imah si Kemod, tah hasilna kieu. Jaba diputerna hayoh diulang-ulang deuih! Keuheul aing mah ka si Cut Tari. Jadi we ieu beuheung kabehan kudu diurut ka Mang Ito!"
"Lain balikkeun atuh layarna...sok tara ngakal wae nya arilaing mah!"

#5
"Alhamdulillah di imah kuring mah, si bapa jeung si ema jarang parasea ayeuna mah!"
"Naha? Alus atuh!"
"Arek pasea kumaha atuh... duanana aktifis Facebook sajati. Si Bapa full nagog wae hareupeun komputer maen Poker! Si Ema ngadekul di kamer bari nyanghareupan laptop... maen Farmville! Poho mandi poho dahar!"

#6
"Karunya teuing eta anakna Bi Ijum!" ceuk Nini Uyuy.
"Kunaon kitu, Ni?" tanya Nyi Ikem.
"Moal kitu akibat dirawu kelong basa minggu kamari?"
"Lah... sok jajauheun. Memangna kunaon kitu si Jang Uhe teh?"
"Cenah ceuk barudak mah manehna ayeuna jadi anak lalay! Tapi aneh, pas tadi panggih...angger jiga jelema. Ngan aneh.. buukna jiga pokalis Kangen Band..tuluy make baju nyaletrit. Jeung eta mun dipoto make HP-na teh sok dungdak dengdek... bari manyun semu gumasep!"
"Beu! Sanes anak lalay atuh Ni, eta teh disebutna anak alay!"

#7
"Kumaha cenah aki maneh teh daek diolo turun tina tower BTS teh?"
"Euh! Uing ge incuna teu diwaro. Manehna mugen nepi ka ayeuna embung turun! Bayangkeun wae ti jam 10 peuting nepi ka jam 8 isuk-isuk kieu can wae turun! Cicing we di puncer tower."
"Kunaon stres? Atawa boga kahayang aki maneh teh?"
"Heueuh. Sok teu asup akal tuda kahayangna teh! Macem-macem wae..."
"Har? Hayang naon cenah?"
"Eta... hayang ngajaran maen flying fox di kabel SUTET! Euweuh nu ngawaro cenah. Jadi we manehna nekad... ngancam naek kana tower BTS. Manehna moal turun cenah lamun kahayangna can ditedunan!" © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter