Tumbal Sekdes

share to whatsapp

Saenggeus ngarampog Bank, saurang rampog nanya ka kasir:
"Ilaing tadi neuleu aing nembak Satpam, teu?"
"Abdi ni...ningal Kang!" jawab kasir. Dor!! Eta kasir ditembak tarangna.

Tuluy manehna nyampeurkeun Lurah Rancabanyol nu ngadegdeg di juru.
"Sia neuleu aing bieu nembak kasir, hah?" tanyana bari nodongkeun pestol.
"Abdi teu ningal Kang. Ngan Sekdes mah ningal pisan!" jawab Lurah bari nunjuk beungeut Sekdes nu colohok, beungeutna pias.




Follow:
Instagram twitter