Lirik Lagu "Budak Saha" - Wina

share to whatsapp


Dipikir siang jeung wengi
Hirup teh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema-Bapa anjeun dimana?

Teu sangka ku nasib diri
Hirup teh pahatulalis
Lami gede cicing di yayasan
Ema-Bapa anjeun dimana?

Duh Gusti…
Ari abdi budak saha
Teu puguh laratannana
batin ceurik balilihan

Ari abdi budak saha
Ieu hate terus tumanya
Na dimana anu ngandung
Na dimana nu ngayuga

Ari abdi budak saha
ieu hate terus tumanya
Na dimana ari indung
Na dimana ari bapa




Follow:
Instagram twitter