Lirik Lagu Pabaliut - Doel Sumbang

share to whatsapp


Kuring bogoh ka Entin
Entin bogoh ka Rustam
Rustam bogoh ka Oneng
Oneng bogoh ka Darman

Darman bogoh ka Acah
Acah bogoh ka Undang
Undang bogoh ka Edoh
Edoh bogoh ka Dayat

Dirasa-rasa
Beuki karasa
Dipikir-pikir
Beuki kapikir
Bumi alam-bumi alam asa muir
Mikiran cinta jadi panas kulincir

Dirasa-rasa
Beuki karasa
Dipikir-pikir
Beuki kapikir
Nu hiji ngaberik, nu hiji ngabecir

(Tungtungna mah aral bulu irung we dikucir!)

Dayat bogoh ka Mumun
Mumun bogoh ka Edeng
Edeng bogoh Ecin
Ecin bogoh ka Oyo

Oyo bogoh ka Epon
Epon bogoh ka Kurdi
Kurdi bogoh ka Embe
Embe bogoh ka Kuring


Follow:
Instagram twitter