Pangalaman Mimiti Apel

share to whatsapp

Awewe: Kang bade kopi atanapi cienteh?
Lalaki: Euh... naon weh.

Jarempling nepi ka 15 menit

Lalaki: Sok atuh Neng nyarios.
Awewe: Ih, Akang weh nu nyarios.

Jempe deui nepi ka 20 menit

Lalaki: Neng, itu cakcak
Awewe: Muhun nya itu cakcak?

Jarempe deui nepi ka 30 menit

Awewe: Dileueut atuh Kang!
Lalaki: Oh. Muhun. (bari nyuruput teh)

Jempe deui nepi ka 20 menit. Ahirna:

Lalaki: Neng, Akang pamit nya?
Awewe: Mangga atuh.

Kintunan Kang Agus Yayan - Baraya Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter