Abong Nu Mabok

share to whatsapp

Tengah peuting bari diuk ngalempreh pamabokan beuteungna kukurubukan ngarasa lapar. "Ajiiiiiiiiiiiiig aing lapar mangkaning euweuh dahareun".
Teu kungsi lila tukang sakoteng ngaliwat bari nakolan mangkok nawarkeun dagangan; "Koteng...sakoteng..koteng".
"Tah aya tukang soto kadenge teng...tengan na mah" ngagerentes jero hate.

Terus we manehna kaluar bari jeung ngagorowok:
"Mang, soto kadieu"
Nu dagang sakoteng hariweusweus bari luak lieuk titingalian da euweuh nu dagang deui salian ti manehna.
"Abdi Kang?" ceuk tukang sakoteng
"Heueuh, silaing pan dagang soto" ceuk nu mabok bari eueureuleuan...eu....eu
"Sanes Kang, abdi mah icalan sakoteng"
"Ceuk aing soto soto siah, bandel, hayang dikadek ku aing"

Bari ngeleper sieuneun tukang sakoteng nyampeurkeun
"Pangnyieunkeun siah samangkok" ceuk nu mabok
Kusabab sieuneun tukang soto ngaladangan sakoteng samangkok, terus we dianteurkeun kanu mabok,
Bari teu puguh polah jeung sieun, tukang sakoteng nungguan nu mabok barang dahar.
Teu lila beres samangkok tandes...nu mabok nganteurkeun mangkok bari nyarita
"Ngeunah geuning soto buatan silaing teh. Kacangna cukup, ladana meueusan... ngan amis teuing euy!" ceuk nu mabok bari leumpang sosolontodan.

Kintunan Kang Joelee Surejana - Baraya Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter