Bisul Na Bujur

share to whatsapp

Rombongan tagoni pasantren Hubbul Waton, Legok Kiara, maen dina hajat kawinan kulawarga Haji Basar. Teu burung pada ngadeugdeug. Bubuhan kungsi jadi juara pavorit lomba tagoni tingkat kabupaten. Dua biduan andelan, Ceng Agus jeung Neng Titi, piligenti nyanyi. Teu weleh pada ngeprokan.

Ayeuna giliran Ceng Agus deui. Asup ka panggung, make gaya aced jaffin. Nurutan Jamil Farouk, biduan Mesir kamashur. Tatabeuhan geus muni. Geus dua tilu kuriling jaffin, ngong Céng Agus nembang lagu “Bulbul, yang Bulbul” nu kungsi disohorkeun ku Nancy Azram, biduan Libanon, taun 2000-an.

“Ta’liman bil minal yang bulbul, ta’liman minal ya bulbul….usuruni usuruni hasabana….”
 
Lantaran loba teuing jaffin, lat bae Ceng Agus poho kana bait satuluyna. Tatabeuhan terus muni, malah geus sababaraha kali merean. Sora markis geus sababaraha kali kekecrek panjang.
Tinimbang kawiwirangan ngabigeu teu nyora, Ceng Agus gancang improvisasi. Ngahaleuangkeun bait dadakan :
“Aduh, aduh, bisul na bujur, aduh aduh bisul na bujur….disuat mah disuat beunang matana….”
Ger nu lalajo keprok. Tingsaruit. Teuing sugema ku lagu, teuing kataji ku “bisul na bujur”.

Kintunan Kang Usep Romli - Baraya Banyolan Sunda

Gambar ngan ilustrasi




Follow:
Instagram twitter