Bandara Rancabanyol Hiji Waktu

share to whatsapp

"Bandung, Bandung, Bandung..! Mangga Bu, Pa digeser-digeser tujuh lima-tujuh lima, cekap dua deui! Kela, Lot! (Pilot) Ulah waka mangkat..!"

Teu lila kurunyung nu ngamen mawa gitar,
"Assalamua'laikum warohmatullohi wabarokatuh! Hapunten bapa-bapa... ibu-ibu sadayana, ngaganggu sakedap. Ngiring hiburan manawi bahan katampi!
Gonjreng
 'Mimitina iseng, ku resep ngaheureuyanna, geugeut ka geulisna gereget kana bodina...'" nyanyi nepi rengse. Pangamen mentaan duit ka sakur panumpang. Balageur panumpangna. Sakali mere aya nu saratus rebu, mapuluh rebu pangsaeutikna sapuluh rebu.
"Haturnuhun Bapa-bapa... ibu-ibu sadayana mugia salamet di perjalananna dugi ka tujuanna. Wassalamualaikum wr wb!"

Teu lila jol nu dagang tahu sumedang
"Tahu-tahu, sareng lontong marebu tilu-marebu tilu.."
Aya deui tukang permen nyebar-nyebarkeun permen ka unggal penumpang. Ti mimiti penumpang pangtukangna tepi ka panghareupna, tuluy manehna kaluar ti pesawat. Teu lila manehna pecenghul deui asup ka pesawat bari nyokotan unggal permen nu geus dibagikeun sabab tetela euweuh saurang ge penumpang nu meuli.

Teu lila pesawat ngapung. Sanggeus perjalanan limawelas menit, aya penumpang ngajorowok, "Kiri, Pram!" (Pramugari)

Tuluy pramugari ngetrokan muka panto pesawat. Reg pesawat eureun. Panumpang nu nyebut kiri tadi gancang gesat-gesut make parasut, tuluy luncat ti panto tukang pesawat!

Kintunan Kang Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi - Baraya Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter