Arab Gundul

share to whatsapp

Santri anyar meunang surat ti kolotna. Tulisanna make huruf Arab,ngan teu make jabar- jeer.. alias arab gundul tea. Der ku manehna dibaca:

Awajinga kerud, kamha diajar teh bae tah? Gas aolahu mikiran buaya, ke ku mama dikerem. Mama miryahu, adi manah kamra diajar ngojay. Lamun geus gade rak masantrian.
Sakti tai mama.

Ikan Udang
Maling bawang - Gurita

Singhoreng maksudna kieu:

Ujang Kardi kumaha diajar teh betah? Geus ulah mikiran biaya, ke ku mama dikirim. Mama mere nyaho, adi maneh kamari diajar ngaji. Lamun geus gede rek masantren.
Sakitu ti Mama.

Ikin Odang
Malangbong - Garut

* Kintunan Komandan Hansip Rancabanyol - Baraya Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter