Lurah Rancabanyol Latihan Nyupir

share to whatsapp


Alatan embung kasaingan ku Camat Wira meureun, Ki Lurah ayeuna mah rek niat bener diajar nyupiran teh. Manehna ngahaja kursus ka kursus mengemudi "Cepat Bisa" nu instrukturna Mang Roen. Ngan dasar Lurah Iwan mah gede hahaok, embung we mun digeunggeureuhkeun ku Mang Roen teh, "Kuma aing we!" atuh teu jarang pas latihan nyetir teh sagala dibadug. Kamari Sekdes keur nonggeng di sisi jalan moe bujur ge, panan beak kabadug nepi ka tigebrus ka solokan.

Atuh warga Rancabanyol ge sok ginggiapeun jeung hariwang mun Lurah keur latihan nyetir. Jalan ngadadak sepi jeung nu daragang di sisi jalan ngadadak nutup. Teuing saha korban poe ieu.

Eta deuih, batur nu mawa mobil di tukangeun mobil latihan Ki Lurah teu wani nuturkeun. Da eta di tukang mobil latihan ditulis ku aksara badag:

HATI-HATI! LURAH SEDANG LATIHAN NYUPIRAN
JAGA JARAK 5 KM
NGAHALANGAN? TONG NYALAHKEUN LURAH MUN KABADUG!



Follow:
Instagram twitter