Sekdes VS Lurah Rancabanyol

share to whatsapp

Turun tina beus, Sekdes amuk-amukan. Ki Lurah ngan bisa ngeluk.
Sekdes:"Kapok ah, uing mah mawa Ki Lurah kana beus! Beuki sare...."
Nyimas Yuyu:"Ku naon kitu Sekdes? Panan wajar sare dina beus mah!"
Sekdes: "Enya. Mun sare wungkul mah teu nanaon. Eta bari jeung ngalindur tuda... ngocoblak sorangan bari gogorowokan!"

***

Eta Sekdes jeung Ki Lurah, narima gajihan ayeuna mah sok naraek kana tangkal jengkol. Ti handap diasongkeun amplopna ku Bendahara, Kang Roens. Pas ditanya teh, jawab Ki Lurah: "Pananan ayeuna mah geus naek gajih!"



Follow:
Instagram twitter