SMS Penipuan

share to whatsapp

Basa aya SMS asup, Mang Ablo ngan pati kerung macana ge:
Nak, tlong krim plsa 100 rbu k Mama. Ma2 lgi di jlan, plsa dkit lg mo hbis.
Mang Ablo ngabales dibarung ku kesel:
Rek nipu aing siah? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ge Ema!
Teu lila aya SMS asup:
Jang, tlong krim plsa 100 rbu ke Ema. Ema lgi di jlan khabisan pulsa.
Dibales deui ku Mang Ablo:
Istikomah atuh mke bhasa teh, rek basa Sunda atwa Indonesia!
SMS dibales:
Jang, punten kintun plsa 100 rbu k Ema. Ema nju di jlan seep plsa.
Kang Ablo ngabales:
Hmpura, aing ge sarua cekak. Ieu ge 700 perak deui. Gara2 sia tuda tkang tpu!
Nu rek nipu ngabales deui:
Cik atuh ti tadi nya ngomong we teu boga pulsa! Cape rek nipu ge nya.
Kang Ablo teu eleh geleng:
Cucungik sia tuda! Jadi pulsa aing 350 perak deui.
Dibales ku nu nipu:
Salah saha bet dibales?
Kang Ablo ngirim SMS:
Sia nu ngamimitian tuda tukang tipu! Ieu SMS aing nu terakhir!

Nu nipu teu ngabales. Sarua beak pulsa.

© Abah Amin





Follow:
Instagram twitter