Nasib Mah Jiga....

share to whatsapp

Hiji waktu Klub Mengbal Rancabanyol asup ka pinal domba cup. Dina leg kahiji, persis jiga Timnas Garuda di Dadaku. Leg kahiji eleh ku lawan, Cibeletok FC. Mangkaning ieu mah skorna 5-0. Atuh engke pas leg kadua di kandang, minimal kudu meunang 6-0. Tapi para pamaen Rancabanyol FC teu peunggas harepan. Basa ditanya ku wartawan ngeunaan kans meunang, dijawab ku sababaraha pamaen:
"Pertandingan kahiji mah tuda pamaenna ngadadak laleuleus teu paruguh. Jigana aya nu ngajampean make leunca ti suporter lawan!" ceuk Jang Pitman, nu posisina striker.
"Kuring loba keneh ngalakukeun kasalahan, mindeng newak bal bari muranyin! Rada sieun tuda ku tajongan lawan, tararik pisan" ceuk libero, Mang Erun.
"Ah, bola itu bundar, Bung! Siapa tahu engke tim Rancabanyol FC nu meunang! Sugan we bisa ngasupkeun 8-0 mah!" ceuk Mang Dedi, percaya diri pisan.
"Sarua jeung Mang Dedi, dina mengbal mah nasib teu bisa ditangtukeun ku prediksi. Eleh-meunang hiji tim dina mengbal mah jiga panganten anyar: kadang di handap...kadang di luhur!" ceuk Jang Jigo teugeug pisan ngajawabna teh. © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter