Mikawanoh Gunung Berapi di Indonesia

share to whatsapp

Indonesia katelah nagara nu panglobana gunung berapi. Gedena letusan hiji gunung berapi bisa diitung ngagunakeun pengukuran Volcanic Explosivity Index (VEI). VEI diungkabkeun ku Chris Newhall ti U.S. Geological Survey sarta Steve Self ti Universitas Hawaii taun 1982 pikeun nyadiakeun pangukuran relatif ti gedena bitu hiji gunung berapi. Skala maksimal VEI nyaeta 8.

Di handap ieu aya sababarah gunung berapi nu katelah boga letusan pangbadagna:

1. Toba Supervolcano (VEI=8)

Mangrupa letusan gunung berapi anu paling dahsyat anu pernah aya di planet Bumi ieu. Sarta ampir ngamusnahkan generasi umat manusa di planet Bumi. 73.000 taun baheula letusan ti supervolcano di Indonesia ieu ampir ngamusnahkan sabagean umat manusa. Ngan saeutik anu salamet. Harita sajaman jeung manusa Neanderthal, Homo Sapiens di Eropa, sarta Homo Erectus - Homo Floresiensis di Asia.

Letusan ieu henteu bisa dibandingkeun jeung naon wae anu geus kaalaman di Bumi. Dibandingkeun jeung Supervolcano Toba, komo Krakatau anu ngabalukarkeun sapuluh rebu korban jiwa dina 1883 saukur bencana alam nu bisa kasebut leutik dibanding Supervolcano Toba mah. Padahal Krakatau ngabogaan daya ledak sabanding jeung 150 megaton TNT. Minangka perbandingan: ledakan Bom Nuklir Hiroshima ngan ngabogaan daya ledak 0,015 megaton, sarta daya musnahna "ngan" 10.000 kali leuwih lemah dibandingkeun Krakatau.

Letusan ieu nyababkeun kabentukna Dana Toba, kalayan diameter 3.000 Km. Gunung Super Toba bitu kalayan pohara dahsyat. Babarengan jeung tsunami nu rosa, aya 2.800 kilometer kubik lebu anu dikaluarkeun, anu sumebar ka sakumna atmosfer bumi. Anu meureun geus ngurangan jumlah populasi manusa jadi ngan kira-kira 5000 - 10.000 manusa. Sabenerna manusa jaman ayeuna asalna ti sawatara rebu manusa anu salamet ti letusan super volcano Toba 73.000 taun katukang.

Sanajan Toba nepi ka ayeuna masih "sare tibra" sarta aman di Sumatera Utara, loba jelema anu hariwang lamun hiji waktu eta gunung api aktip deui. Hal ieu cenah bakal kajadian lamun kajadian gunung berapi Talang (Solok, provinsi Sumatra Barat) anu aya 300 kilometer di kidul Toba bitu, bisa ngageuingkeun "raksasa nu sare" ieu.

Vulkanologis Prof. Ray Cas, nguningakeun yen meureun bisa wae hiji waktu engke letusan badag nu lainna baris kajadian. Tapi hal eta bakal kajadian kira-kira 10.000 atawa 100.000 taun deui. Tapi kajeun kumaha oge, henteu kabeh hal bisa diprediksi.

2. Gunung Tambora
Gunung Tambora (atawa Tomboro) nyaeta hiji stratovolcano aktip anu perenahna di Pulo Sumbawa, Indonesia. Gunung ieu perenahna di dua kabupaten, nyaeta Kabupaten Dompu sarta Kabupaten Bima, Provinsi Nusa Tenggara Barat. Aktivitas vulkanik gunung berapi ieu bitu 5 April nepi 12 April taun 1815. Tambora bitu dina skala 7 Volcanic Explosivity Index. Letusan Tambora jadi letusan paling dahsyat. Material piroklastik nu dikaluarkeun 150 miliar meter kubik! Karajaan Pekat jeung Karajaan Tambira di Pulo Sumbawa nepi ka tilem kakubur ku lerusan. Suhu bumi nepi ka turun leuwih ti 2 derajat celcius.

Nurutkeun buku Bernice de Jong Boers, Mount Tambora in 1815: A Volcanic Eruption in Indonesia and Its Aftermath, letusan gunung ieu kadenge nepi ka Pulo Bangka (kurang leuwih jaralma 1.500 km), Bengkulu, (jauhna 1.755 Km), jeung Madura (jauhna 500 Km). Lebu vulkanik nyebar nepi ka Kalimantan, Sulawesi, Jawa, sarta Maluku. Puncak gunung Tamboro kapotong 1.400 meter jangkungna nepi tinggal 2.800 meter. Letusan gunung ieu ngabalukarkeun pati nepi ka henteu kurang ti 92.000 jelema kalayan 11.000 - 12.000 di antarana tiwas sacara langsung alatan ti letusan. Leuwih ti eta, letusan gunung ieu oge ngabalukarkeun parobahan iklim dunya!

Sataun ti harita (1816) disebut minangka taun tanpa musim panas alatan parobahan drastis ti cuaca Amerika Utara jeung Eropa. Langit angkeub oge kajadian di London, Inggris antara tanggal 28 Juni, 2 Juli 1815, 3 September, jeung 7 Oktober 1815. Hal ieu disababkeun lebu anu dihasilkeun ti letusan gunung nu diameter kalderana nepi ka 7 km ieu. Alatan parobahan iklim anu drastis, loba tatanen anu gagal sarta pati ingon-ingon di Bumi Belahan Utara anu ngabalukarkeun lumangsungna kalaparan paling parah dina abad ka-19.

3. Gunung Krakatau
Krakatau nyaeta kapuloan vulkanik anu aktip keneh sarta ayana di Selat Sunda antara Pulo Jawa jeung Sumatra. "Krakatau" ieu kungsi dipake ngaran dina hiji puncak gunung berapi di ditu (Gunung Krakatau) anu sirna alatan letusanna sorangan kajadian dina tanggal 26-27 Agustus 1883. Tanggal 27 Agustus 1883, Gunung Krakatau bitu kalayan kakuatan VEI 6 nu ngabalukarkeun tsunami nepi ka 50 meter!

Letusan eta pohara dahsyat; awan panas sarta tsunami anu dibalukarkeunana niwaskeun kira-kira 36.000 jiwa. Nepi ka samemeh tanggal 26 Desember 2004, tsunami ieu teh bisa disebut anu paling dahsyat di wewengkon Samudera Hindia.

Sora letusan Krakatau kadenge nepi ka Alice Springs, di Australia sarta Pulo Rodrigues deukeut Afrika, 4.653 kilometer! Daya ledakna kira-kira nepi ka 30.000 kali bom atom anu beledugkeun di Hiroshima - Nagasaki di ahir Perang Dunya II.

Letusan Krakatau ngabalukarkeun parobahan iklim global. Dunya sempet poek salila dua satengah poe alatan lebu vulkanis anu nutupan atmosfer. Langit angkeb nepi ka sataun saterusna. Hamburan lebu katingali di langit Norwegia nepi ka New York! Kaayaan angkeubna langit ieu teu saeutik nu ngainspirasi seniman Barat, saperti The Scream karya pelukis Norwegia, Edvard Munch.

Ledakan Krakatau ieu sabenerna masih eleh dibandingkeun jeung letusan Gunung Toba sarta Gunung Tambora di Indonesia, Gunung Tanpo di Selandia Baru, sarta Gunung Katmal di Alaska.

Tapi gunung-gunung kasebut, bituna di mangsa populasi manusa masih pohara saeutik. Samentara waktu Gunung Krakatau bitu, populasi manusa geus cukup mundel, sains, sarta teknologi geus berkembang, telegraf geus kapanggih, sarta kabel bawah laut geus dipasang. Ku kituna bisa disebutkeun yen waktu harita teknologi informasi keur tumuwuh sarta berkembang.

Kacatet yen letusan Gunung Krakatau bisa kasebut musibah alam paling gede di dunya; sanggeus penemuan telegraf bawah laut. Kamajuan kasebut, hanjakalna tacan diimbangan jeung kamajuan di widang geologi. Para ahli geologi waktu harita tacan sanggup mere penjelasan ngeunaan letusan Krakatau.



Follow:
Instagram twitter