Ngaberesihan Cap Biwir

share to whatsapp

Kacaritakeun di hiji sakola SMA, kepala sekolah bingung pisan ku kalakuan barudak siswi. Hiji waktu manehna ngahaja mariksa toilet husus keur murid awewe. Katingali dina kaca eunteung nu naplok dina tembok toilet, ampir sakabeh kaca katutupan cap biwir! Da ngaranna ge ABG atuh, manehna ka sakola sok rajeun mawa lipenstip. Tah, waktu maranehna rengse ti toilet, sakalian dangdan .. nya meureun sok marake lipenstip keur mamanis biwir. Mimitna mah aya nu iseng nyieun cap dina kaca eunteung atawa memang keur tes warna lipen. Ngaranna ge latah... saurang nu ngamimitian, nya kadituna mah nu lain miluan. Atuh nu matak karunya mah ka penjaga sakola, manehna kudu ngabersihan cap biwir tea unggal poe!

Kepala sekolah tuluy ngumpulkeun murid awewe di toilet husus siswi tea. Penjaga sakola ge dibawa.
"Yeuh, ari maraneh teh cik atuh ari nyieun kalakuan teh tong sok nu aneh-aneh. Komo ieu ngahajakeun nyium kaca eunteung sagala! Karunya yeuh ka penjaga sakola. Unggal poe manehna ngaberesihan! Leres, Mang?" ceuk penjaga sakola bari nanya ka penjaga sakola.
"Muhun, Pa. Unggal beres bubaran sakola, abdi sok langsung ngaberesihan!" ceuk penjaga sakola tandes pisan. Barudak mah ngan tarungkul we.
"Tuh, tingali. Kumaha kabayang beuratna pagawean penjaga sakola ... akibat pagawean maraneh nu teu sapira! Sok contokeun Mang, kumaha Emang unggal poe ngaberesihan eta eunteung! Ameh katingali ku maraneh, kumaha beuratna gawe si Emang penjaga sakola teh!"

Eta penjaga sakola langsung nyontokeun kumaha pagawean manehna lamun ngahapusan cap biwir lipenstip tea. Penjaga sakola make heula sarung tangan tuluy mawa kaen elap. Eta elap dianclomkeun kana... liang WC! Geus kabaseuhan ku cai dina liang WC mah... tuluy eta eunteung dielap nepi kaberesih!

"Tah, kieu padamelan abdi teh Pa sareng Eneng-eneng sadaya! Kabayang, unggal dinten! Cape abdi mah..." ceuk penjaga sakola bari indit. Kepala sekolah jeung barudak ngan bisa ngahuleng. © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter