Sieun Murag

share to whatsapp

Aya aki-aki nu geus limpeuran. Manehna ngahaja konsultasi ka psikiater.
"Kunaon atuh nu janten karerepet Bapa teh?" tanya psikiater.
"Ieu, abdi teh janten sagala sieun pami muka nanaon teh... sieun murag," ceuk si Aki.
"Kasieunan murag kumaha maksadna, Pa?" tanya psikiater heran.
"Kieu, ti dua dinten kamari pami abdi muka nanaon teh sok aya wae nu murag. Mimitina mah basa muka lomari... ujug-ujug baju maruragan. Teras basa muka panto kamer, internit jug murag! Malah nu reuwas mah, waktos rek balanja abdi muka dompet .. eta mah artos sareng ATM di lebetna maruragan. Kamari sonten basa muka acuk kameja, kancingna murag, aya 2 nu leupas! Tah, terahir we tadi enjing basa muka kulkas. Sayuran sareng katuangan nu disimpen.. maruragan! Ayeuna mah abdi hariwang pisan ku hiji hal, mantak ditahan we... "
"Ditahan kumaha, Pa? Memangna Bapa sieun muka naon?"
"Eu...eu... abdi ieu ngahaja nahan kahampangan. Palaur engke pas muka sleting lancingan, der eta murag oge!" © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter