Pijat Plus Plus

share to whatsapp

Ngaranna ge panasaran atuh. Ti mimiti ngadenge istilah panti pijat, Jang Pitman mah keukeuh wae panasaran. Komo basa Sekdes jeung Ki Lurah ngabejaan, yen di kampung sabeulah ayeuna mah geus aya panti pijat .. malah make ++ alias plus plus.

Basa waktu manjing ka sore, Jang Pitman ngahaja keketeyepan ngingkig ka tempat panti pijat plus plus tea. Ngahaja malah mah pas asup ka tempat pijat ge make helm full face, da sieun aya nu wawuh. Tapi, aman geuning. Manehna ningali tarif... ah lumayan kabedag ieuh.

Teu lila, aya nyi mojang kaluar ti jero rohangan.
"Simpe geuning Neng?" tanya Jang Pitman ka nyi mojang.
"Muhun Kang. Ah, kaleresan biasana engke wengi ramena mah. Akang bade dipijat? Mangga atuh ka lebet!" ceuk nyi mojang bari ngabetot leungeun Jang Pitman nu ti tadi masih helok ningal raray nyi mojang.
"Tias plus plus Neng?" tanya Jang Pitman, cocobaan we nanya bari teu ngarti naon harti 'plus plus' teh.
"Ih, tiasa pisan atuh Kang! Mangga ka dieu urang peuseul"

Jang Pitman langsung nangkuban. Manehna geus ngabayangkeun, imajinasina liar... jiga cucunguk asup kana wadah runtah. Kotor. Mimiti karasa aya dampal leungeun mencetan tonggongna... tuluy kana sukuna. Geus rada lila, asa aneh rarasaan teh. Dampal leungeun nu mencetan teh asa beuki karadak. Pas direret:
"Gusti.... Jacklyn siah! Naha jadi maneh nu mencetan aing? Si Neng tadi ka mana, hah?"
"Ih... yey aneh deng. Panan menta plus...plus! Ya, kalo menta plus plus mah ya eike! Kalau min min... eta baru si nyai yang tadi!" ceuk Seus Jacklyn, awewe jadi-jadian kolaborasi 2 Taman: Taman Lawang jeung Taman Maluku!

Bari tibuburanjat, Jang Pitman ngabereskeun bajuna nu tadi geus dilaanan.
"Suda najis aing mah kudu dipencetan ku bencong! Geuning plus plus teh kieu? Kumaha mun kali kali atawa bagi bagi? Aya bahan ditincakan ku si Hulk!" © Abah Amin








Follow:
Instagram twitter