Sato Dugem

share to whatsapp

Balik dugem ti diskotik, sato-sato ngarariung. Katingal maranehna jiga geus balik perang wae.
"Kapok uing mah euy, geuning teu ngeunah dugem teh. Eta musik ajeb-ajeb matak katorekan kana ceuli!" ceuk kelinci ngararasakeun ceulina nu dungdeng keneh.
"Mending keneh maneh, uing mah baroraah bisa joged. Hayoh we nyingcet-nyingcet awas bisi katincak ku nu keur ajojing!" ceuk sireum, bari awakna pias.
"Komo uing mah, hayoh we diusir satpam. Da meakkeun tempat cenah!" ceuk gajah jeung kuda nil.
"Kuring mah geuleuh ku lagu disco mix-na. Cik atuh tong nyindiran uing wae euy... meni keong racun lagu teh! Padahal kuring mah panan resepna musik disko ti DJ Tiesto atawa ti DJ Deep Dish!" ceuk keong racun napsu.
"Ah, dikukumaha oge maraneh mah bisa ngasaan ka jero diskotik. Uing mah karek nepi na lawang ge geus nutup manten! Padahal indit ti imah minggu kamari." ceuk kuya bangun nu handeueul.
"Waduuuh,sarua euy. Eta mah uing kuat ka error yeuh kulit. Eta lampu disko ganti-ganti wae warna!" ceuk londok, nu awakna ayeuna ngadadak jiga katumbiri. © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter