Kuéh Spésial
Geus jadi tradisi ari rék mapag lebaran mah, ibu-ibu sok nyarieun kuéh. Salain keur engké disuguhkeun ba'da salat ied atawa mun aya nu silaturahmi ka imah, ogé sok aya nu pirajeuneun keur dijual. Kitu ogé kawas Nyimas Yuyu, manéhna anyieun kuéh sababaraha rupa, ti mimiti kuéh nastar, kuéh putri salju, kuéh kacang nepi ka kuéh kéju. Hiji waktu Nyimas nawarkeun keuh kéju ka Téh Noer. Éta kuéh téh ngahaja dicapan maké stiker nu aya ngaran manéhna. Tah, dina unggal wadah aya ciri. Lamun dina hiji wadah mah euweuh tulisan spésial, ari dina nu hiji deui mah aya.
"Sok, Téh... kuéhna mirah sareng raos pisan yeuh rasana!" ceuk Nyimas bari ngaluarkeun kéler kuéh tina dus.
"Sabarahaan Nyimas eta kuéh kejuna? Waduh jigana raos pisan. Pasti nu spésial mah kéjuna langkung seueur." ceuk Téh Noer.
"Pami nu biasa mah mung Rp. 40.000,- pami nu spesial Rp. 41.000,-"
Téh Noer ngahuleng bari nilik-nilik dua wadah kuéh. Da biasana sok jauh tah harga nu biasa jeung spésial mah. Naha ari ieu ngan ukur béda sarébu?
"Ah, naha Nyimas ditingal mah sami geuning kuéhna mah! Meni dibéntenkeun sarébu sagala?"
"Ih, Téh Noer mah. Bénten atuh. Pami ieu nu biasa mah panan teu nganggo tulisan spésial. Pami nu hiji deui mah aya. Tah, bénten pisan! Panan éta seratan spésial téh pastina nganggo biaya. Janten pangaosna gé kedah bénten atuh!"
"Beu!" © Abah Amin
Follow: