Siksa Kuwu!

share to whatsapp

Panonpoe moncorong .... maju ka jam satengah duawelas beurang.
Matak nambah kesel ka kabehan nu keur ngantri nyieun KTP. Warga Rancabanyol geus kesel kabina-bina. Tuh, Kang Jack nu antri panghareupna geus ngoprot kesangan ti sirah, beungeut, beuheung, beuteung, dua kelek, nepi dampal suku. Ditukangeunna, Kang Jojo geus cingogo. Di tukang Kang Jojo, sakira jarak 4,5 cm, aya Ceu Resti... nya mah geus nangtung jiga patung Pancoran..nya bari ngais budak. Eta komo Mang Ndien mah leuwih parah. Jaba ti isuk-isuk can sarapan, ayeuna kudu nangtung nepi ka singsireumeun. Bu Yuyu nu antri tukangeun Mang Ndien mah geus beak karep. Ngutruk we terus bakating ku kesel. Nepi Pa (mantan) Camat sorang nu jabatanna leuwih ti Pa Kuwu, keukeuh dititah antri! Malah, Kang Iwan nu kuduna ngajar.... jam 11 leuwih kieu masih keneh ngajanteng milu antri. Ari Kang Angka? Antri pas tukangeun Kang Iwan bari anteng we curhat jeung nu antri tukangeunna... nyaeta Kang Joelee. Sakali-sakali manehna mukaan SMS tina HP-na. Nu antri tukangeun Kang Joelee geus ngantay: Jang Icham, Mang Uday, Teh Echi, Teh Yeni, Teh Emi.... malah Kang Tengku nu antri pangtukangna apanan malah bari mencetan bitis sagala! Ngan sekdes Sona wungkul nu aya di jero kantor desa teh. Eta oge nyumput na jero WC.

"Aing mah lieur! Kuwu teh ongkoh kamari nyosialisasikeun nitah KTP diperpanjang... ayeuna rek memperpanjang eh kudu ngantri kieu!!" Kang Tengku ngagorowok ka nu ngantri di hareup.
"Heueuh aneh suraneh!! Cangkeul yeuh, ngantri geus 4 jam. Jaba ieu ti kapal geus neleponan wae deuih! Pusing deh akikah... !" Kang Jack sarua milu ngutruk gaya TLC.
"Dasar Kuwu teu gableg rarasaan. Cik atuh benahi prosedur nyieun KTP teh..." Kang Ndien kumerot nahan kaambek bari nahan-nahan sukuna nu rek kram.
"Bener Kang! Abdi ge kesel yeuh... jaba budak ngompol wae ti tatadi. Kuwu sableng!" Ceuk Teh Resti bari ngaluarkeun Pampers tina tas.
"Euh, komo uing mah! Nepi ka teu jadi mere ujian yeuh ka barudak!" Ceuk Kang Iwan.
"Warah wae kitu ieu Kuwu teh?" Tanya Teh Yuyu.
"Satuju, Ceu! Sok atuh saha nu wani nyiksa tah?" Ceuk Teh Yeni ngadukung usul Teh Yuyu.
"Beneer! Sabab lain sakali-dua kali manehna kieu Teh. Uing mah satuju tah lamun Kuwu rada dibere warahan dina masalah kieu mah!" Ceuk Kang Jojo bari cengkat tina cingogo.
"Puguhan, Kang! Leuheung mun Pa Kuwuna aya di dieu. Mun aya mah pasti geus dibaledog ku kelom yeuh!" Ceuk Teh Emi bari huntuna kumerot.
"Sarua!!! Pamajikan mah bieu nga-SMS nyangka abdi ngador heula. Padahal abdi kan ti tatadi di dieu? Betul kan sodara-sodara?" Ceuk Kang Angka bari terus ningalian layar HP-na.
"Komo abdi mah, kedahna tadi tabuh 9 jadwal ka salon!" Saur Teh Enung Yeni
Teu lila, bijil sora nu matak ngagareuwahkeun ka kabehan:
"Duuuuuuuuuuuuuuh Gusti!!!!! Poho abdi nuju masak tutut...tutung lagi deh" Teh Widia ngajerit bari tuluy mangpret ka ka bumina di palih kulon.
Bareng jeung lumpatna Teh Widia, Jang Icham ngagoak. Da indung sukuna katincak ku selop Teh Widia.
Ari Kang Bagyo? Titadi ngan bisa istighfar... nahan-nahan kasabaran. Nah hatena: "Astagfirulah... Nun Gusti mugia ieu antrian sing enggal bubar. Abdi isin... manawi teh nuju antri BLT! Da abdi bade kaluar tina antrian, gengsi tuda."

Keur kitu aya Kang Benno liwat.
"Benno! Ka dieu siah." Ceuk Pa Camat ngagupayan Kang Benno. Kang Benno nyampeurkeun.
"Aya naon Pa Camat? Ngantri keneh ieu teh? Aing geus kesel pisan... tiap datang ka dieu pasti we geus antri. Uing pasti we meunang antri pangtukangna. Ooooh dewa... dikutuk apakah aku ini? Kumaha atuh ieu si Kuwu teh? Siksa wae kitu? Ngurus nyieun KTP oge teu becus!" Ceu Kang Benno bari ngabuleud-buleud peureup.
"Tah, kabeneran atuh! Di dinya daek mun diburuhan ku uing? Sok siksa tah Pa Kuwu! Saya selaku Camat... merasa dilecehkan jabatan oleh Kuwu kieu-kieu teuing mah!" Ceuk Pa Camat.
"Daek pisan Pa Camat. Keun ayeuna pisan uing rek ka imah Pa Kuwu. Rek disiksa ku aing mah. Kesel tuda.... tiap uing datang ngantri ka dieu pasti pangtukangna we!!" Ceuk Kang Benno bari langsung ngingkig rek ngontrog imah Pa Kuwu. Niatna buleud rek ngararad Pa Kuwu... rek dibere peureup buleud!!

Na atuh... aya satengah jamna, Kang Benno geus balik deui ka tempat antrian. Beungeutna katingal jamotrot kesel.
"Kunaon Kang, teu jadi nyiksa Pa Kuwu?" tanya Teh Enung bangun nu heran.
Kang Benno langsung ngajawab:
"Puguhan Teh! Abdi tadi ka bumi Pa Kuwu. Ari pek teh nu ngantri nu rek nyiksa Pa Kuwu geuning leuwih panjang tibatan di dieu." © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter