Nembak Manuk

share to whatsapp

Jang Epul ngan bisa ngeluk. Manehna ge teu beak pikir duka kumaha atuh naha jadi kieu. Da niat mah ngan ukur ngabuburit bari nembak manuk. Tapi ayeuna? Manehna ngadon dibawa ka imah Lurah Iwan. Manehna diinterogasi ku jajaran pihak berwenang di Rancabanyol. Di beh jero rohangan katingal aya lalaki gagah perkasa keur diubaran ku mantri Jurex.

"Kumaha atuh Jang Epul bet bisa kieu?" tanya Lurah Iwan neuteup anteb ka Jang Epul.
"Pu...pu...guhan abdi ge bingung, Pa. Tadi tabuh 2-an teh kaluar ngahaja nyandak bedil angin. Da biasana ge abdi mah sok ngabuburit bari nembak manuk di sampalan. Wantun sumpah, niat mah paling nembak manuk piit atanapi jogjog! Tapi naha janten panjang kieu urusanna..." Jawab Jang Epul semu nu tambah bingung. Bari ret panonna mah sasakali ningali jelema nu keur humaregung di jero imah.
"Terus?" tanya Sekdes sarua milu bingung.
"Tah, dugi tabuh 4-an, abdi teu kenging manuk. Da manuk teh seuseurna kalahkah haliber... langki nu euntreup! Kusabab bosen sareng kesel... nya eta manuk nu haliber di luhur tuh ku abdi dicobian ditembak! Sugan we aya hiji mah nu beunang katembak. Na atuh barang dorrrrrr!! Naha janten jalmi nu murag ti luhur teh?"

Na, atuh celengkeung teh jelema nu humaregung di jero langsung nembal:
"Maneh nu teu barang deuleu heula atuda! Panan aing keur tugas di luhur... rek balik ka Amerika geus ti Ciparay. Na atuh pas liwat luhur sampalan...jedor teh aya mimis bedil nembak meneran pisan keuna kana kolor beureum uing!! Meni nengah pisan! Beu... eta mah linu jeung nyerina. Uing leungit kasaimbangan, jadi we notog... murag!" Jawab Superman bari nahan palebah palangkakanana nu keur dibulen perban ku Mantri Jurex.

"Maneh mah Jang Epul, manuk teu beunang.. eh, ngadon manuk kajajaden nu kabedil...!" Jawab Lurah Iwan bari nginum cikopi cap "Kunti Sapintrong" . © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter