Ngirim Paket

share to whatsapp

Kang Sona asup bari mawa barang:
"Mangga kalebet! Bade ngintun paket, Pa?"
"Muhun. Dupi sakilona sabaraha?"
"Ngintun naon?"
"Paku, mur, sareng jarum pentul."
"Kilat atanapi biasa?"
"Bentenna?"
"Kilat mah sadinten. Dikintun enjing-enjing, katampi sonten. Pami biasa mah, dua dintenan lah! Bade nu mana?"
"Kilat wae."
"Mangga. Kilat sakilona 475.000. Tos kalebet pajak. Atos dicatet nami lengkep sareng alamat lengkepna ku Bapa? Potona dicandak? Pami tos siap, mangga lebetkeun eta paku, mur, sareng jarum pentul kana wadah ieu."
"Atos. Eta alamat di kertas sareng ieu potona! Wios dina HP?"
"Oh, wios nu penting rarayna katingal. Ieu? Namina Jack Bluesman. Mmm...alamat...weton.... mmm.... muhun sae, tos lengkep pisan. Ke antosan urang mapatkeun heula jampena!

Ratu teluh ti Gunung Agung
Sang Ratu murba Sakama
Sang Ratu Talaga Bodas
Nu kumawasa pusering talaga
Sang Ratu Cedacawal
Nya aing Sang Ratu Cedacawal
Pur geni pur braja
Seuseup getihna
Cokcrok ototna
Sebit atina
Bedol tikorona
Sayab nyawana
Tuh rogahala si Jack …"

Geus beres:
"Ieu atos Pa, nuju dikintun paketna. Mangga ieu kwitansina. Punten ditawis heula... ieu palih dieu (bari ngasongkeun pulpen). Hatur nuhun. Mugia saderek puas kana pelayanan ti servis paket simkuring. Pami aya nanaon mah, mangga telepon ka nomer pengaduan 08981. Hatur nuhun, tos ngalanggan." © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter