Ngantosan Orok Nyusu

share to whatsapp

Hiji poe Kang Akung rek balik ka Cicalengka. Manehna indit ti Jakarta make beus jurusan Jakarta-Garut. Kabeneran manehna diuk gigireun hiji wanoja geulis, ngora keneh nu keur mangku orok lalaki. Manehna rek nyusuan eta orok nu titadi runghak renghik wae, duka lapar duka sawan ningali aya Kang Akung diuk gigireun indungna.

Wanoja: "Enggal kasep anaking.. sok ieu enggal geura nyusu..Upami henteu, ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapaliheun mamah.".

Eta orok angger embungeun diwewelan susu indungna, angger keneh runghak renghik. Aya 2 jamna eta wanoja ngolo bari ngupahan orokna..
Wanoja: "Kasep, bageur.. anaking... enggal geura eueut ieu susu.. Bilih ku mamah dipasihkeun ka Um nu disapalih."
Orok angger mumul, kalahkan beuki tarik ngarenghikna. Teu karasa aya kana 4 jamna eta orok rewelna.
Wanoja: "Enggal atuh kasep, geura dieueut ieu susuna. Mamah isin kunu sanes upami kedah mukakeun acuk payuneun nu sanes. Upami alim wae, engke ku mamah dipasihkeun ka Um nu calik disapalih."

Batan repeh eta orok kalakah beuki motah bari terus ceurik. Nempo kitu jang Akung katempo keuheul bari tuluy pok nyarita:
Akung: "Bu, punten.. abdi bade tumaros, eta si jalu orok ibu titadi pan alimeun dipasihan susu, hanas abdi ngantos2 titadi aya kana 4 jamna, kedahna tadi abdi turun di Cicalengka, kulantaran abdi ngantosan kaputusan ibu, bade dipasihkeun kasaha eta jantena, abdi janten kacandak ka Garut ayeuna teh."
Wanoja: ????? (olohok...)

(Kintunan Kang Jack, baraya group Facebook Banyolan Sunda)




Follow:
Instagram twitter