Carita Rancabanyol: Beus VS Delman

share to whatsapp

"Lain euy, baheula keur leutik aya budak kabeukina teh nyedot sitrun cap si Unyil. Eta geuning nu panyedotna leutik pisan. Puguhan hese pisan pas disedot teh, pipi nepi ka kemong-kemong! Matak cangkeul! Balas ku kesel beurat ku nyedot, eta mah wadahna dipencet.... na atuh eta kalahkah bucat!! Atuuuuh, sitrunna muncrat kana baju, beungeut, jeung sirah. Karunya pisan, jaba eta budak teh lehoan jeung sirahna lenang!" ceuk Kang Jojo nyarita biografina ka Sekdes. Sekdes ngabarakatak, da heueuh eta ngabayangkeun nu ngomong hareupeunana basa keur leutik.

Tah, para baraya. Eta dua jalma teh keur paadu gunem pagigir-gigir dina jok beus tilu parapat. Beus nu ngahaja diparkirkeun hareupeun bale desa. Tah, ti dieu mimiti sabulangbentorna kalakuan warga Rancabanyol.

"Garandeng siah!! Aing keur molor. Tunduh yeuh! Heuaaaaaaaaay...." ceuk Mang Ndien hohoak ti jok hareup, pas tukangeun jok supir.
"Salah saha atuh ari Mang bet ngadahar Antimo titadi? Jaba meni ka 3 siki sagala. Jiga ngadahar permen Sugus wae." Teh Nyimas Yuyu milu mairan.
"Puguhan Eteh, si Kuwu sableng nu kitu tea mah. Cenah inditna jam salapan pas. Nya tadi abdi nginum heula Antimo jam 8, ameh pas indit bisa sare na beus. Ari pek geuning...kr...krrrrr...zzzz...kr...zzzz....ngik..nguk...Zzzz...brrrrrrrr...ngkngk!" Mang Ndien teu kebat nuluykeun omonganna panonna caleuy pisan. Manehna jiga kabius deui. Nyegrek nuluykeun sare.
"Na, jadi ka uing? Kieu yeuh resiko jelema kasep mah. Pada mikageuleuh ku kaum Adam!" Kuwu Uhe ngabela diri. Gek manehna diuk. Bletak!!, "Aduuh, hapunten manawi teh teu aya jalmi!"
"Heueuh da aing teh tunggul siah, Kuwu!" Ceuk Camat Wira nu keur ngalahun bala-bala nu dibungkus koran, plus jeung saosna. Karek ge arek am dihuapkeun. Atuh bujur Kuwu pinuh ku saos. Komo Camat mah calanana langsung ngabayabah ku saos jeung minyak tina bala-bala. Kapaksa diberesihan.

Kabeh nu aya na beus sabenerna geus siap-siap. Ngan eta nungguan Kang Jack. Teuing ka mana heula. Tapi demi babarayaan, kabehna rido ihlas keur korban merdeka pikeun nungguan Kang Jack datang.
"Lain euy. Ieu teh rek ka mana sabenerna?" tanya Kang Iwan bari nangtung tina jok. Manehna nguliat. Derekdek...derekdek... sora tulang talengna disarada.
"Aeh, heueuh ieu teh urang-urang rek ka mana ngajugjug?" Ceuk Jang Icham ti luhur beus ngajorowok.
"Cik atuh Cham turun heula euy!! Bisi picilakaeun. Jiga budak The Jack numpak Metromini wae maneh mah, euy. Pananan di dieu ge lowong keneh!" Kang Tengku nyarekan Jang Icham supaya turun. Jrut Icham turun bari mawa langlayangan. Beu! Sempet keneh si eta mah medar langlayangan di luhur beus.
"Kieu yeuh," Kuwu mulai ngajentrekeun, "sabenerna mah urang rek ulin ka Taman Safari Rancabanyol. Ieu dumasar kana kaputusan para pupuhu Rancabanyol. Tadina Kang Jack ngusulkeun mah ka Taman Lawang, ngan Kang Asec nolak. Da Kang Asec baheula pernah rek dikanibal di Taman Lawang. Tah Kang Asec ngusulkeun ulin ka Taman Lalu Lintas, ngan si Abah jeung Neng Winda nolak da baheula maranehna pernah maen sosorodotan.... sosorodotanana ambruk!" Ceuk Kuwu Uhe bari muka topina. Atuh, kabeh meungpeunan panon, da ujug-ujug aya nu herang ngaburinyay. Kuwu Uhe surti, manehna make topi deui.
"Terus kumaha tah bet bisa ka Taman Safari?" tanya kuring ka Kuwu Uhe...rang.
"Kieu Bah. Geus kitu, aya usulan ti Teh Resti. Kumaha cenah mun ulinna ka Taman Kanak-Kanak? Kapaksa ditolak, rek naon ulin ka Taman Kanak-Kanak?" Ceuk Kuwu Uhe.
"Panan abdi mah masa kecil kurang bahagia!" Teh Resti nu keur diuk gigireun Kang Vitman nempas omongan ka Kuwu. Katingal Teh Resti ngomong kitu teh bari nyiaran kutu di mastaka Kang Vitman. Lumayan geus meunang 2 kodi tah kutu teh.
"Naha Teteh nu teu bahagia kedah nyandak-nyandak baraya?" tanya Teh Emi nu keur indehoy jeung ban serep beus.
"Da nyandak hansip mah matak pigeluteun jeung salaki atuh Teh Emi!" jawab Teh Resti rada neugtreug.
"Tos...tos ah. Makana ayeuna diputuskeun urang darmawisata ka Taman Safari Rancabanyol teh supaya babarayaan urang tambah raket. Apanan di ditu urang tiasa babarengan, numpak Tornado, Halilintar, Bianglala, Kora-Kora, atawa ulin ka Istana Boneka!" Kuwu berusaha ngadamaikeun nu rek pagutreng. Ngan penjelasan Kuwu Uhe teh matak kerung ka nu lain.....

Teu lila, eta mah:
"Huaaaaaaaaaaa!!!" sora Kang Roens ngagoak di gigireun beus. Aya naon? Tuh tingal, Kang Roens keur ngamuk ka Kang Benno. Kang Benno ngotelan Kang Roens, ngasupkeun anak jangkrik kana ceulina.
"Mewek siah!! Pira ge diasupan anak jangkrik meni heboh kitu! Komo mun gaang...!!" Kang Benno nyarekan Kang Roens. Baraya nu lain ngan bisa olohok, naringali tina kaca jandela beus. Karunya teuing eta Kang Roens nepi ka gugulitikan, jiga kuda lumping kasurupan. Tapi antukna, Kang Bagyo nulungan Kang Roens. Eta gaang dicokot tina ceuli Kang Roens... tuluy dihablemkeun. Iyyy...jijay pisan.

Balas ku kesel, Kang Asec, Kang Dedi, Sekdes, jeung Kang Tengku ahirna ngampar samak handapeun tangkal jengkol. Maranehna ngagaloler.... ngabaheuhay. Jiga na adegan film F4 we. Matana malencrong ka langit.
"Kang Asec... itu tingali awan ngaleut paantay-antay di langit biru" harewos Kang Dedi, maksudna mah rek mikareueus kana ciptaan Nu Maha Kawasa.
"Iya sayang!! Langit begitu cerah... secerah hatiku!!" jawab Kang Asec
Eta mah kabeh langsung bubar, arasup deui kana beus.
"Gelo!! Siah... memangna aing beruk makan beruk?" ceuk Kang Dedi ngutruk. Manehna ngahaja diuk gigireun Teh Emi. Teh Emi langsung pindah diukna ka gigireun Teh Nyimas Yuyu.

Teu lila, Kang Jack datang. Ngan eta dangdanna. Tong dicaritakeun. Uing ge nepi ka helok. Bayangkeun we kumaha mun hiji awewe kajajaden mawa gitar betot paragi bencong ngamen nu senarna tina karet katepel! Paingan lila....
"Eh, maafin eikeu yah.... tadi senar-senarna pada pegat. Terus ini stoking belum garing ama shadownya leungit. Terus ini wedak tadi kurang merenah. Eikeu kan pengen tampil cyuantikkk!" jawab Kang Jack lunggak-lenggok.
Duh Gusti, paingan atuh asa ku lila. Kang Jack diuk na jok supir.
"Saha ieu teh supirna? Kang Jack?" tanya Kang Tengku siap-siap rek ngagajleng tina lawang beus. Tapi kaburu ditarik ku Kang Angka nu karek beres dihuapan ku Teh Wiwin.
"Geus lah hayu indit. Sing percaya ka Kang Jack. Manehna nyupiran kapal tanker ge bisa... maenya beus sagede kutil kieu teu bisa?" Kang Angka ayeuna mah mesat bedog. tina sarangkana. Jiga nu ngancam, nu teu asup kana beus... baris dirogahala, "teu nyaho aing lila di Cimande siah?"

Kang Jack ngasupkeun perseneling kana gigi hiji. Beus mulai maju. Ngan eta leungeun Kang Jack mah nyepengan bebendul perseneling jiga nyepengan naon wae. Karek ge beus maju 15 meter. Dihareup beus geus ngajega: Kang Joele jeung Kang Tomtom.
"Aing teu diajakan siah? Geus nyaho aing tadi modol heula ka imah. Tong ninggalkeun atuh siah!" ceuk Kang Joelee bari kalacat asup kana beus.
"Heueuh uing ge meni teu diajak-ajak, geus nyaho tadi nganteur Kang Joelee ka WC." ceuk Kang Tomtom bari langsung diuk na kap mesin deukeut supir. Katingal Kang Jack ngiceupan. Kang Tomtom langsung pindah diuk pangtukangna.

Beus ngageuleuyeung. Kabeh baraya nyaranyi.... pikeun miceun kasusah. Da Kang Jack nyupirna jiga mawa odong-odong wae.
"Di sini susah... di sana susah.. dimana-mana hatiku susah... lalalalalalalala....lalalalalala!
Beus ayeuna geus nepi pudunan Cibelenyoh. Kajadian dimulai....

Ckiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiit!!! Brak....
"Hieeeeeeeeeeeeeeeeee!!" Kuda delman ngangkat suku hareupna bakat ku reuwas. Kabeh nu aya dina delman ngaracleng. Katingal Mang Uday nu jadi kusir nangkarak bengkang na susukan. Neng Achy nu mawa balanjaan sayur, sirahna katutupan ku kangkung jeung daun sampeu. Karunya mah Teh Elly, nyangsaya di handapeun kuda. Untung teu katincak. Kudana ngarti... era Teh Elly langsung diciuman ku kuda. Nu teu ngarti mah, eta Sekdes jug nyangsaya na handapeun bujur kudu. Jaba kuduna keur diare..... jiga Kang Joelee.

Nu ripuh mah nu na jero beus. Kang Jojo jeung Kuwu Uhe sirahna tijedak kana korsi hareup. Atuh eta Upin jeung Ipin van Rancabanyol teh katingal na tarangna jiga aya endog satengah. Benjol!! Beuki herang katingalna teh. Komo Camat Wira mah, apanan manehna keur ngeusian TTS waktu beus ngaguluyur teh. Da eta mah, buku TTS kuat ka asup kana bahamna. Kitu deui Ceu Resti, manehna keur dahar combro. Eta combro langsung kaseglong tiada terkira. Ari Teh Nyimas Yuyu? Beuh, beunget manehna kuat ka pias da ngarasa dosa... apanan memeh kajadian beus nyium delman teh, manehna keur rek ngajailan neke Jang Icham. Atuh eta nu kateke nepi ka kapiuhan, da tarik teuing.

Nu paling parah, Kang Benno.... apanan manehna mah nangtung na lawang beus. Kang Benno kaaclengkeun.... kana jero sumur imah batur nu aya di sisi jalan pisan. Tah, ari Sekdes mah apanan keur ngorong. Curukna kapahung na jero liang irung! Komo Kang Jojo panan tadi diukna pindah deukeut Neng Winda.... nepi ka pejet tah katindihan ku Neng Winda. Eta mah Kang Iwan jeung Mang Ndien... lumayan teu parah teuing. Ngan eta sendalna bisa patukeur. Aya ku aneh teuing. Beu, Kang Jack nu jadi supir mah 99% paling parah.... jug aya na lahunan Kang Tomtom. Ari uing? Geus nyaho keur jadi saksi mata jeung kudu ngalaporkeun ieu kajadian!! Maenya kudu kapiuhan mah? Moal rame atuh.

Ngan ceuk sumber nu teu bisa dipercaya, eta kajadian diakibatkeun ku aya lomang alias lubang di jalanan pudunan eta. Teu kira-kira eta lomang teh... sagede tampir!!! kuda kagok manehna ngerem ngadadak, antukna mobil kagok... jadi we tabrakan! Matakna nu salah saha? Teuing, hanya Tuhan dan nu boga jalan nu apal.

Cag ah...



Follow:
Instagram twitter