Nyieun Humor Kudu Serieus?

share to whatsapp

Duka timana mimitina kuring sok resep nyieun carita humor teh. Ngan bagi kuring mah humor mangrupakeun sisi kahirupan manusa nu bisa digali kalayan boga sensitivitas kana kaayaan. Butuh waktu nu panjang pikeun neuleuman hal eta. Humor ngancik dina sagala widang kahirupan. Da cenah ceuk para ahli, humor sajati mah justru bisa ngageuing kana harti eksistensi urang salaku manusa; dina hubungan jeung manusa, alam, jeung Gusti. Jadi, sabenerna mah nu disebut nyerengeh atawa seuri teh kuduna bisa mibanda pamikiran nu leuwih jero.

Buku Humor Abah Amin
Penerbit Pustaka Latifah-Bandung (2003)


Keur ngamaknaan hiji humor nu sabenerna butuh waktu nu panjang. Naha? Da ari hayang pikaseurieun wungkul mah atuh teu hese, dikeleketek atawa lalabuhan ge bisa. Ngan ari humor teh sabenerna mibanda misi pikeun kahirupan manusa. Lamun dina istilah sastra mah, aya dulce jeung utile. Hartina hiji humor teh salain bisa mere hiburan jeung kasenangan oge kudu aya mangpaat pikeun urang. Eta kadang nu hese pisan pikeun ngungkulanana. Urang kadang teu bisa rapih dina ngahadirkeun hiji karya humor. Matakna teu aneh, lamun dina dunya humor mah aya sababaraha tingkatan pola jelema dina mere harti kana hiji karya humor. Sok we bandingkeun, kadang aya jelema nu hese ngarti kana maksud humor. Oge aya nu ngan mesem, sabab hartina teu perlu diomongkeun. Hal ieu gumantung kana tingkat intelejensia jeung pangalaman sasaurang.

Saperti nu tadi disebutkeun, humor teh bisa asup kana loba widang kahirupan. Ku kituna aya humor nu asup dina widang matematika, sosial, seni budaya, jrrd. Di dinya oge bisa direcah deui, contona dina widang sosial aya humor nu boga tema ngeunaan profesor, nu gelo, sakola, jsb. Intina, dina humor mah ilmu pengetahuan urang memang kudu leuwih "lincah". Sabab dina humor, urang kudu bisa ngahartikeun kode budaya, kode sosial, kode tatakrama, nepi ka kode agama. Sok geura urang mun lalajo atawa maca humor luar negeri kadang teu ngarti. Hal ieu sabab meureun aya dina salah sahiji kode kasebut nu memang teu katepi atawa teu kaharti ku urang. Humor urang Sunda di lembur tangtu beda jeung humor urang Sunda di kota.

Buku Humor Abah Amin
Penerbit Pustaka Lucu-Yoyakarta(2005)
Tah, sisi humor nu bisa asup kamana wae tangtu bisa jadi kaleuwihan. Humor bisa terus berkembang. Contona, dina blog ieu sim kuring nyieunan humor nu boga tema teknologi (saperti Facebook), sabab realita jeung segmenna bisa keuna. Minimal nu muka blog atawa Facebook geus ngarti kana urusan internet. Beda meureun lamun nu macana baraya nu gaptek... alias gagap teknologi. Kitu deui meureun lamun aya carita nu make istilah di pilemburan. Contona nu nyaritakeun etem. Nu boga pangalaman kana etem mah meureun teu pati susah. Tapi lamun nu salila hirupna can pernah ngadenge kecap etem jeung teu nyaho wujudna? Paling ngan ngahuleng atawa ngaliwat kalayan teu nuluykeun macana.

Proses nyieun carita humor keur kuring mah hiji saluran ekspresi pikeun berbagi jeung nu lian. Ari bahanna mah, nya aya di sabudeureun urang. Ngan koncina, kahiji urang kudu apal konteks kaayaan; kaduana kudu bisa mere kesan keur nu maca ku ngolah tema; katiluna atuh nya kudu bisa ngolah basa. Kabeneran kuring mah biasana sok tutulisan, jadi tuluy diajar ngolah rasa basa. Komo dina blog ieu mah kudu make basa Sunda. Eta beurat pisan, kuring mah rumasa keur diajar basa Sunda. Sabab salila ieu kuring mah kaahlianana nulis dina basa Indonesia.

Nulis buku, nulis artikel di koran, atawa nyieun konsep naskah humor ge teu leupas make basa Indonesia. Ari basa Sunda, dina tulisan atawa lisan ge masih keneh tagtegtog. Tapi, dalah dikumaha oge basa Sunda teh basa Indung. Nya istilahna mah kuring learning by doing wae diajar nulis dina basa Sunda mah. Ku kituna hapunten ka baraya bilih dina blog ieu aya tulisan atawa kecap nu kurang merenah/kurang pas dina ukuran basa Sunda nu luyu jeung kaidah.

Alhamdulillah, ku ayana blog ieu kuring bisa nyalurkeun pikiran jeung baraya, hususna baraya Sunda. Kabeneran ari dina tulas-tulis humor mah kuring geus lumayan lila. Ngan tadi, meureun dan memang resepna "di belakang layar". Ari nulis dina wujud buku mah lumayan geus leuwih ti hiji. Ngan eta sumebarna lolobana di luar tatar Jawa Barat. Jeung deuih kuring mah resepna memang nyalindung diri, lain kuring embung wanoh atawa ngawanohkeun diri. Leuwih tumaninah ari "bebas" identitas mah. Nya kadang osok oge ngiriman karya-karya humor ka media-media lain, saperti di situs-situs internet (ketawa.com, ngakak.com, jsb.). Hal ieu malah meureun malah jadi media mimiti keur kuring dina osok posting carita-carita humor, ti saprak ramena internet di urang (taun 1998-an).

Buku Humor Abah Amin
Penerbit FBA Prese-Solo (2006)

Salain ti eta, kuring oge sok maneuh ngiriman ka media lain, saperti ka rohangan "Barakatak" di Majalah Mangle (ngan sok make ngaran palsu oge...hehehe). Tapi, nu ngabageakeun mah kuring baheula osok oge ngiriman jadi kontributor ide carita pikeun acara-acara humor di televisi. Moal disebutkeun acara naon-naonna mah, ngan ieu jadi kareueus ka kuring yen televisi di urang masih ngajadikeun acara humor pikeun acara unggulan. Ari ayeuna? Arah humor keur saragam jeung tema nu diplot kumaha kahayang pasar/produser. Matakna kuring mending "tapa" wae di blog ieu. Lain kunanaon, asa boga tanggung jawab moral. Asa garihal ningalina... acara humor geus disalenggorkeun jadi silih hina fisik atawa pinuh ku kekerasan. Panan nu lalajo teh lain kolot wae, sanes? Dina hal ieu, balik dieu kana nu dikedalkeun di luhur: humor kudu mibanda azas dulce jeung utile.

Humor teh bisa lahir dina pemutarbalikan kaayaan. Conto leutik misalna, kumaha mun si Cepot jadi Arjuna? Kumaha lamun di rel palang lintasan jadi nahan jalur kareta, lain ngahalangan mobil? Kumaha lamun rahayat nu giliran studi banding, pejabat nagara nu cicing di lokasi bencana alam? Tah, koncina mah eta. Lamun baraya hayang bisa nyieun carita humor... kudu bisa ngolah (ngadekonstruksi) kaayaan.

Jeung terahir, di urang mah masih boga stigma yen humor teh kudu nu dipintonkeun dina panggung (pelawak). Padahal, di sisi lain humor teh bisa wae dina media lain. Hal ieu gumantung kana watak sasaurang, aya nu ahli humor dina tulisan tapi teu bisa ngedalkeun na tindakan. Aya oge nu ahli dina humor tindakan (peran) tapi teu bisa nyieun. Ku kituna, alusna mah aya hubungan sinergis. Eta nu ayeuna can kaguar ku para pelaku atawa penikmat humor! Matakna teu aneh lamun pelawak Sunda jiga nu pahare-hare... geus kasohor sorangan, nya beak ku sorangan. Padahal di nagara batur mah, pelawak teh geus profesional. ti baheula keneh. Dina hal ieu maranehna aya tim "dapurna" pikeun saha nu nyieun konsep, eusi lawakan/humor, nepi ka image branding! Jadi manehna moal gancang tilem. Contona? Mangga tingali wae Mr. Bean. Manehna bisa kitu kusabab aya team di belakang layar nu memang profesional ngolah manehna.




Follow:
Instagram twitter