Meuli DVD Taeun

share to whatsapp

Hiji waktu Mang Odon datang ka Pasar Kota Kembang, Alun-Alun. Manehna culang-cileung, rada bingung oge. Tapi manehna ka dieu teh cenah hayang meuli pilem nu pemaenna jelema miskin wungkul, alias teu baroga baju.... bin bulucun.

"Mo, beli pilem apa, Kang?" tanya si tukang dagang, kadenge logat ngomongna urang seberang.

Mang Odon ngahuleng sakedapan. Mang Odon inget ka DVD nu pernah dibeuli ku Jang Ju'i. Sakali-kalina manehna nempo eta DVD cenah nu eusina matak nyababkeun imajinasi paburantak. Enya, manehna ngan nempo coverna wungkul. Pilemna mah panan can pernah lalajo. Era cenah lalajo bareng jeung batur mah. Jaba manehna mah apanan masih steril tina lalajo nu kitu teh. Tah, ayeuna manehna rek meuli, ameh bisa lalajo munggaran di imahna. Tamba panasaran teuing.

"Euh... ini...euh. Saya teh mau.. mau meuli DVD ketiga puluh..."
Mang Odon inget tulisan nu aya dina cover DVD nu dibeuli Jang Ju'i harita.
Giliran tukang dagang nu ngahuleng.
"Itu... eu...eu ..eu itu tea geuning Bang, pilem gigituan, Bang." Harewos Mang Odon ka tukang dagang, bari ramona metakeun jiga na gambar nu aya dina bungkus jamu Kuku Bima.
"Ih... si Akang mah. Bilang atuh pilem XXX gitu dari tadi! Ntar saya cari dulu. Mo luar apa lokal?" Mang Odon beuki ngahuleng. Asli, bener teu ngarti.

Ras manehna inget ka ucing Nyi Susi. Kabeneran turunan ucing luar negeri wungkul.
"Kalo yang Persia aya, Bang?" Mang Odon beuki ngarempod nanyana ge. Sugan we surup jeung bayanganna tah pikiran tukang dagang teh.
"Persia? Susah dong Kang kalo yang gitu mah! Ada juga Jepang atau Barat. Lokal juga ada!"
"Ya...ya. Kalo begituh yang angora ajah atuh!" Mang Odon sok tahu.
Tukang dagang garo-garo teu ateul!

Antukna tukang dagang mere DVD ieu:


Mang Odon teu mikir dua kali... langsung nyamber eta DVD, terus dibayar ... langsung indit. Teu kuat hayang lalajo! Masalah gambar mah tong hariwang. Panan cenah ceuk Jang Ju'i: gambar hareup mah sok kamuflase wungkul. Eusina mah jorang wungkul. Beu, padahal mah... © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter