10 Tips Jalan-Jalan di Bandung

share to whatsapp

Saderek urang luar kota? Bade jalan-jalan di Bandung? Di handap ieu sababaraha tips supados saderek aman sareng nyaman jalan-jalan di Bandung.

1. Pastikeun mobil atanapi kareta api nu ditumpakan leres-leres ka Bandung-keun, sanes ka Surabaya atanapi Yogyakarta!

2. Upami tos dugi di Bandung, tong langsung mondok di bumi batur nu teu kenal! Bilih diusir! Langkung sae mah milarian pamondokan atanapi hotel.

3. Upami bade ngajugjug ka hiji tempat, perhatoskeun jurusan angkot atanapi beus kota nu dianggo. Ulah dugi saderek ti Kopo bade ka Dago-keun ngangge beus jurusan Leuwipanjang-Pulogadung! Insya Allah, moal dugi-dugi.

4. Upami bade balanja pakaian ka Cihampelas atanapi Factory Outlet (FO) tong hilap nyandak artos atanapi kartu kredit. Sabab di dinya mah teu aya nu nganjukkeun!

5. Pami bade ningali Kota Bandung ti jembatan Pasupati, saena mah tong eureun di tengah jalan jembatan. Komo lami mah. Bilih ditabrak atanapi ngamacetkeun. Pami palay jelas ningali sabudeureun Kota Bandung mah....naek we kana luhur pancang beton jembatan. Sakantenan botram. Bade ngarujak oge mangga.


6. Upami bade jalan-jalan ka BIP, BSM, Cihampelas Walk, atanapi ka mall-mall sejen, tong hilap nganggo acuk. Kade tong ngisinkeun nyalira!

7. Pami bade naroskeun arah jalan atanapi lokasi tempat ka batur, kade tong hahaok, komo bari ngancam ngangge bedog atanapi beceng mah. Narosna ku basa Sunda atanapi basa Indonesia we. Ulah ku basa isarat atanapi basa Uganda! Margi moal ngalartoseun.

8. Pami bade angkat ti Leuwipanjang/Cicaheum ka Tangkuban Parahu, ulah sakali-kali nganggo beca. Sing hawatos ka tukang becana!

9. Kade ulah ngahaja botram di taman payuneun Gedung Pakuan. Asa teu marantes... tapi, pek we ketang ari palay milari masalah sareng petugas jaga mah.

10. Tong sakali-kali gaduh niat ngagajleng ti menara Masjid Agung atanapi ti BRI Tower. Omat!!! Apanan rencanana ge jalan-jalan di Bandung teh. Pami bade bunuh diri mah... di lembur sorangan we. Tong ngariweuhkeun urang Bandung.
© Abah Amin




Follow:
Instagram twitter