Kere Mah, Jeung Lalaki We!

share to whatsapp

Hiji waktu aya saurang lalaki asup ka imah bordil di komplek prostitusi.
“Kuring hayang awewe hiji...!” ceuk eta lalaki ka mucikari.
“Juhro! Titah si demplon siap-siap!” si mucikari ngagorowok ka layanna.
“Tarifna sabaraha?” tanya eta lalaki ka mucikari.
“Tarifna dua juta! Ieu mah kelas tinggi” ceuk eta mucikari.
“Wah, nu rada murah ti dinya atuh!” si lalaki neang nu rada murah.
“Juhro! Titah si bohay siap-siap!” Si mucikari nngagorowok deui ka jongosna.
“Tarifna sabaraha?” tanya lalaki sieun kamahalan teuing.
“Tarifna sajuta.” Jawab si mucikari.
“Masih mahal teuing. Danana teu cukup!” si lalaki ngahuleng ngadenge tarifna mahal teuing mah.
“Juhro! Titah si eplok cendol siap-siap!” si mucikari ngagorowok menta layanna nyiapkeun awewe nu lain nu leuwih murah ti batan tadi.
“Tarifna sabaraha?” tanya si lalaki bangun peunggas harepan sieun hasratna teu kasalurkeun gara-gara duitna cekak..
“Tarifna 250 rebu!” jawab si mucikari.
“Wah, masih kamahalan teuing keneh atuh. Kuring ngan boga 5 rebu!” ahirna si lalaki jujur.
Ngadenge kitu mah, si mucikari langsung ngagorowok: “Juhrooooooo! Siapkeun diri maneh we. Layanan ku maneh sabisana tah jalma kere teh. Cape aing mah... hanas titadi ditawaran!”
*** Abah Amin




Follow:
Instagram twitter