Kabiasaan Baheula

share to whatsapp

Kacaritakeun aya panganten anyar. Si salaki jeung pamajikan teh baheulana katelah jelema bangor. Hiji peuting, maranehna keur tibra-tibrana sare. Keur kitu, ti luar imah aya nu keketrok.
“Tok..tok...tok!”
Pamajikanana langsung ngorejat hudang. Tuluy manehna ngaguyah-guyah salakina.
“A..gugah! A..gugah itu aya Hansip!”
Si salaki nu lulungu teh langsung pias jeung awakna ngadegdeg.
“Alaaah, nyumput di mana nya?” ceuk si salaki bingung campur soak.
“Tos, enggal kabur liwat jandela we!” ceuk pamajikanana nu saruana soak.
Teu lila, bari di kolor jero keneh, si salaki langsung luncat ka luar kana jandela. Manehna asruk-asrukan ngaliwatan ruyuk. Awakna pareurih beunang ku eurih. Tuluy manehna nyumput handapeun tangkal caringin. Geus jauh manehna karek sadar. Kitu deui pamajikanana.
“Astagfirullah! Apanan aing teh geus kawin!” ceuk si salaki bari ngahodhod. Padahal nu tadi ngetrok panto imah mah mitohana nu kapeutingan balik ti kota. Rek ngadon milu sare di imahna.
© Abah Amin



Follow:
Instagram twitter