Basa Jawa vs Sunda

share to whatsapp

Mang Sarja boga anak awewe hiji-hijina. Eta budakna hiji waktu katarima kuliah di paguron luhur di daerah Jawa Tengah. Mang Sarja jeung kulawargana nganteu anakna nu hiji-hijina teh. Kebeneran eta budakna indekos di deukeut kampusna.
Mang Sarja nitip ka nu boga indekosan tea.
“Mbak, saya titip anak saya ya. Tolong dijaga. Ya, bukannya apa-apa, saya gak mau sampey anak saya harus terbawa yang tidak-tidak. Zaman sekarang tea atuh, kan banyak keceritain anak mahasiswa yang terbawa pergaulan tidak bener!”
Ari eta nu boga kosan, mun ngomongna sok make basa Jawa campur. Da asa Indonesiana kurang pati lancar. Nya anak Mang Sarja teh ayeuna mah dititipkeun bae ka nu boga indekosan. Itung-itung gaganti kolot.
Na atuh aya kana lima bulanna kuliah, Mang Sarja ngadenge beja nu matak pikareuwaseun. Ceuk paribasana jiga kacitak gelap tengah poe ereng-erengan alias bagai terkena petir di siang hari. Anakna nu diindekoskeun teh ngaku geus melendung bin hamil tea!
Mang Sarju langsung ngadatangan anakna. Tuluy manehna nyarekan ka nu boga indekosan.
“Mbak, ini gimana! Saya kan dulu udah titip supaya anak saya diperhatikeun. Kunaon bet bisa kieu? Siapa lelaki yang suka datang ke sini? Atau suka sama siapa anak saya pergi-pergian? Beu cilaka ieu mah!”
Si nu boga indekosan ngabela maneh.
“Pak, kulo mboten mangertos. Seng kulo ngertos, anak ipun mandine dhewe, tidure dhewe, belajar nang kamar dhewe,….”
Can ge nu boga indekosan parat ngomong, Mang Sarja langsung ambek lak-lak dasar:
“Saha mengkelukna nu geus ngagadabah anak aing? Hah?! Rek teu reuneuh kumaha atuh! Anak kuring ti mandi nepi ka diajar di kamer ge teu weleh di…..”
(Ah, nu maos oge panginten ngartos naon maksadna Mang Sarja! Kieu ari teu ngarti ..alias ora mudheng kana basa daerah sejen teh!)



Follow:
Instagram twitter