Asli Keneh

share to whatsapp

Caritana mah hiji waktu Nyi Juju rek kawin. Nyi Juju mah jelemana bageur pisan tara ulin nu aneh-aneh komo kana nu teu baleg mah. Pon kitu deui ka lalaki, manehna mah polos pisan.
Tah pas piaspoeeun deu rek prung kawin manehna diomongan ku indungna.
“Nyi, kade jaman ayeuna mah lalaki teh loba nu palsu. Ngaku bujang keneh padahal geus adat sok ulin jeung awewe. Kade bisa salaki kitu! Ilikan heula samemeh diwajiban ku salaki teh...”
Nya pas peuting geus acara kawinan. Nyi Juju jeung salakina asup ka kamar. Isukna, manehna ditanya ku indungna.
“Kumaha Nyi, kira-kira salaki Nyai teh masih keneh bujang. Aya tanda-tanda anu kira-kira aneh teu tina bobogaan salaki Nyai?”
“Ah, abdi mah yakin Ma! Salaki abdi masih keneh gres!”
“Naha kitu? Memang aya tanda-tandana?” tanya indungna heran.
“Nya, pas ku abdi diilikan bobogaan salaki teh, geuning dibungkusan keneh!”
(Tah kitu ari teu pernah ningali rupa kondom teh!)



Follow:
Instagram twitter