Kudu Loba Nginum

share to whatsapp


Bari sosoloyongan, Ujang Setang Seher nyampeurkeun Joni Kerud nu keur nongkrong di gang.
"Pusing aing mah, Jon!" ceuk Ujang Setang Seher bari diuk. Leungunna nyekek botol.
"Ku naon atuh ari silaing? Datang-datang jol curhat..." tanya Joni Kerud.
"A...aing... pa..panan minggu kamari ka dokter. Ceuk dokter, aing teh beunang gejala batu ginjal. Ameh teu mangkin parna, aing dititah loba nginum tah ku dokter teh. Bo.. bosen aing teh euy. Unggal poe aing jadi loba nginum, asa beuki parna...puyeng. Acan duit aing be..beak, loba wae dipake meuli inuman...!"
"Beu!! Loba nginum ciherang koplooook! Na ari siaaaaa...!" jawab Joni Kerud bangun nu kesel.

© Abah Amin


Follow:
Instagram twitter