Acara Nguseup di Subang

Acara riung mungpulung akhir taun 2011 ieu dilaksanakeun di Subang. Di tempat pamancingan salah saurang Warga Rancabanyol. Baraya nu hadir ka ieu tempat, nu pernahna aya di daerah Babakan Curug-Cijambe, ti unggal kota (Jakarta, Sukabumi, Cikarang, Bandung, jrrd.). Acara ngumpul ngariung teh dilaksanakeun poe Saptu (17/12/2011) nepi Minggu (18/12/2011). Ari malem Mingguna mah biasa we ngadon ngadubako bari begadang nepi ka subuh, ngadon ngacaplruk jeung sabagean mah maen gapleh. Atuh nu datang lain ngan lelengohan, teu saeutik nu mawa balad katut kulawargana masing-masing. Matak pantes mun ieu acara bisa kasebut family gathering minangkana mah.

Beres nu kolotna puas nguseup, giliran barudak nu ngubek balong nu ngahaja dibedahkeun. Hal ieu minangka kagiatan ngawanohkeun ka barudak kagiatan-kagiatan nu aya hubunganna jeung ciri masarakat Sunda. Di jaman kiwari, kagiatan samodel kieu teh tangtu geus jarang pisan.
Follow:

