Poker Oh.... Poker

share to whatsapp

Ma Ijum ngadatangan Mang Endin nu keur maraban soang.
"Endin, siah boga anak teh warah! Leutik-leutik geus wawanian ngumbar napsu!" Ma Ijum ngagantawang bari dituturkeun ku Jang Icam, anak Mang Endin.
"Ke, Ma naon heula ieu teh urusanna? Memang ku naon siah Icam?" tanya Mang Endin katingal bingung bari nanya Jang Icam nu ngeluk tungkul.
"Yeuh, kajeun Ema geus kolot ge, tapi kalakuan jeung istilah budak ngora mah Ema ge apal!"
"Memangna aya naon, Jang?"
Jang Icam can ngajawab, Ma Ijum geus nempas:
"Eta tadi basa Ema papanggih jeung si Icam di hareupeun warnet si Jayus, bener teu uyahan. Jang Icham mah.. ka Neng Eni menta cipok! Jeung Neng Ening-na oge ngadon unggeuk deuih. Kade siah talingakeun kalakuan budak teh! Bisi asup kana pergaulan bebas! Sia teh Icam rek ngerakeun nini jeung bapa maneh?" Ma Ijum nyentak Jang Icam.
"Enin... Bapa, Ujang mah henteu menta cipok ka Neng Ening. Wantun sumpah!! Tadi di warnet teh, Ujang ngan menta chip poker! Chip Ujang geus beaaak!" jawab Jang Icam bari semu napsu da geus dituduh teu uni ka awewe.

Ma Ijum jeung Mang Endin ngan garo-garo teu ateul. Kieu ari beda generasi sorodot gaplok jeung generasi Pesbuk teh, aya we teu nyambungna! © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter