Biografi Dalang Asep Sunandar Sunarya

share to whatsapp

Asep Sunandar Sunarya, lahir 3 September 1955 di Kampung Jelekong, Kacamatan Baleendah, 25 km arah kidul Kota Bandung (ngantunkeun di Jelekong, 31 Maret 2014). Asep Sunandar nu di kulawargana katelah oge Sukana.

Abah Asep anak katujuh ti tilu welas putra Abah Sunarya; anu kasohor dalang legendaris di wewengkon Pasundan. Salain Asep Sunandar Sunarya, putra Abah Sunarya sanesna anu profesina janten dalang nyaeta Ade Kosasih Sunarya, Iden Subasrana Sunarya, Ugan Sunagar Sunarya, Agus Muharam, sareng Imik Sunarya.

Asep Sunandar Sunarya dalang wayang golek kahot anu katelah ku bodoran si Cepot. Ku karyana eta, anjeunna pantes disebat seniman seni pertunjukan nu ngadobrak jagat wayang golek di Indonesia. Salain si Cepot, wayang buta oge didamel karakter-karakterna sakitu rupa. Ku kituna rupa-rupa wayang buta bisa ngalakukeun hal-hal anu unik, misalna sirahna beulah atawa buta nu bisa ngakod wayang budak.

Kaul Pencak Silat Abah Asep Sunandar Sunarya 10 dinten 
sateuacan ngantunkeun. Cianjur, 20 Maret 2014.

Asep Sunandar Sunarya kenging pujian dina ngawanohkeun wayang golek ka masyarakat, namung sagedengeun eta oge dikritik kana karya terobosanna. Tapi, kritikan eta kanggo Bah Asep mah taya lian janten nambih sumanget kreativitasna. Hal ieu ngabuahkan hasil, namina langkung populer. Utamana basa Bah Asep ngahontal juara Dalang Pinilih I Jawa Barat taun 1978 sareng 1982. Salajengna taun 1985, Bah Asep ngahontal juara umum dalang tingkat Jawa Barat sarta ngengingkeun pangajen Bokor Kencana.

Pangakuan hasil kreativitasna dina ngadalang, sanes wae datang ti masyarakat Jawa Barat katut Indonesia, namung oge ti luar negeri. Asep Sunandar Sunarya kantos janten dosen luar biasa di Institut International De La Marionnete di Charleville Perancis. Ti institut eta Bah Asep nampi gelar profesor. Tempat padepokanna, Padepokan Giri Harja taun 1987 diresmikeun janten Pusat Belajar Seni Pedalangan ku Menteri Penerangan RI anu dina waktu harita dijabat Pa Harmoko. Ayana Padepokan Giri Harja pohara aya pangaruhna ka prestasi, kreasi, sareng motivasi Bah Asep Sunandar Sunarya minangka nu kalebet Dalang Wayang Golek Kontemporer

Waktos nincak rumaja, Bah Asep Sunandar Sunarya gaduh ambisi janten dalang. Ku kituna, satamat SMP, anjeunna diajara seni padalangan di RRI Bandung. Cacak bapana saurang dalang legendaris di kampungna, Asep malah milih diajar dalang ti Cecep Supriadi di Karawang.

Kang Asep liliwetan sareng Kang Darso saparakanca.
[Koleksi foto sanesna]

Benten sareng
dalang saentraganna, anu ngadalang di tempat-tempat nu khusus, Bah Asep malahan leukeun ngasosialisasikan wayang golek anu inovatif ka kampus-kampus, hotel-hotel, gedong-gedong sarta televisi. Usahana ngabuahkan hasil. Wayang golek populer di sagala rupa tempat, wayang golek jadi kameumeut masyarakat Sunda. Wayang golek nu dipidangkeun ku Bah Asep dipikaresep kunu lalajo, boh budak ngora oge para sepuh. Popularitas Asep Sunarya langkung kawentar. Anjeunna teu mung saukur sok diulem pentas ngadalang di dalam negeri, tapi oge ngalanglangbuana ka Benua Asia, Amerika, dugi  ka nagara-nagara Eropa.

Gaya pertunjukan wayang golek Asep Sunandar Sunarya kalebet seni pertunjukan nu gaduh nuansa anyar anu lahir di lingkungan Dinasti Sunarya. Hal anu paling dipikaresep ku masarakat sareng mangrupikeun ciri khasna. Asep Sunandar Sunarya katelah kaahlianana dina ngokolakeun gerak atanapi sabetan wayang kalayan tampilan humor sareng banyolan anu sentimentil, luwes, sareng seger katambih dibarung kolaborasi sareng seniman lawak sejen (Nyi Ijem, Kang Ibing, Ohang, Sule, Anton Abox, jsb.).


Profil Asep Sunandar Sunarya
Alamat : Giri Harja RT 01/01 Kel. Jelekong Kec. Baleendah Kab. Bandung
1962 – 1968 : SD Cangkring
1968 – 1971 : SMP Pasigaran
1975 – ayeuna: Dina waktu sataun minimal ngayakeun 120 kali pertunjukan, malah ti 1976 depi 1987 kungsi ngeusi pertunjukan wayang golek salila 6 bulan noron.
1978 : Juara Pinilih I Binojakrama sa-Jawa Barat.
1982 : Juara Pinilih I Binojakrama sa-Jawa Barat.
1984 – 2001: Ngadegkeun Yayasan Pedalangan Giri Harja.
1985 : Juara Umum Binojakrama sa-Jawa Barat.
1989 : Ngayakeun muhibah ka Amerika dina raraga pementasan wayang golek.
1992 : Miluan Festival Wayang (Teater Boneka) di Perancis.
1993 : Jadi Dosen Kehormatan di Institut International de La Marionnette di Charleville Perancis.
1994 : Ngurilingan Eropa dina raraga pementasan wayang golek.
1994 – 2004 : Ngeusi program acara "Asep Show" di Televisi Pendidikan Indonesia (TPI) unggal bulan Ramadhan.
2001 : Muhibah ka Inggris dina raraga pementasan wayang golek di 12 kota bareng jeung Asian Music Circuit (AMC).
2005 : Ngeusi program acara Pementasan Wayang Golek unggal malem Minggu di Televisi Pendidikan Indonesia (TPI) lobana 36 episode.
Selain jadi dalang, Asep meunangkeun panghargaan ti sababaraha instansi jeung panghargaan ti Presiden Soeharto, nyaeta Tanda Kehormatan Satyalencana Kebudayaan.






Follow:
Instagram twitter